Ki bejo teu tahan, terus we nyampeurkeun, bari pok ngomong
daria pisan :”Hahahaha, eh ki silah, kabeneran, meunang embe ti mana tah ?!”
Atuh Kacida karageteunana eta belasan jelema ditanya kitu ku Ki Bejo; ti na
reuwas jeung asa kagebah tuluy arambek; teu tata pasini deui eta belasan jelema
teh langsung nyerang ngurubut ka Ki Bejo; sigana hayang maehan si Bejo teh
enyaan.

Ki bejo, tina daria jadi reuwas jeung kaget, ku sabab masih
lulungu keneh, ampir2an manehna kasabet ku bedog; nya manehna Kacida ambekna;
teu antaparah deui manehna ngamuk ! Atuh eta belasan jelema teh, ting talambru
bari aduh2an; sesana rek kalabur; tapi teu kanyahoan seeer…….. seer sababaraha
kali sora siga angin, batu laleutik kareuna ka nu rek kalabur; atuh sapada
harita eta belasan jelema teh euweuh nu bisa kabur; ting jaloprak we. Terus we
eta belasan jelema teh nyarembah ampun2an cenah moal deui2 maling embe; ieu ge
ku sabab teu tahan lapar jadi maling embe. Kapaksa cenah.

Si Bejo teu kaampeeuh deui seuri nyakakak, terus nyorowok
:”Eh sing tenang atuh, dulur2 ( tapi jelas ngomongna ku basa Jawa ) Kulo teh
lain rek nangkep nu maling embe ngan rek milu dahar embe ! Ku naon atuh tadi
teu puguh2 jol jol ngerepuk Kulo hah !?”

“Adduuuuh………….. nyuwun sewu………..cenah sarerea sababaraha
kali. Maranehna menta dihampura lantaran geus wawanianan ka ieu dua Pendekar;
maranehna menta dibebaskeun.

“Hahahaha ! ayeuna mah kapaksa arilaing istirahat we heula !
pek lalajo Kulo daang ! Ke mun Kulo geus seubeuh; pek we beakeun sesana.
Hahahaha !” teu ngengkekeun deui eta si Bejo langsung nyikat pingpingna; laju 
didahar
mani kaciri nimateun pisan.

“Astaghfirullah !” Cek Jalma, ke heula ulah wara didahar kitu
wae; ieu embe meunang maling nyaho !?” Cek Jalma nyentak.
HANCA


Kirim email ke