Hatur nuhun pisan Bah diantosan the geuning jebul pisan, mangga lajengkeun deui hatur nuhun. Baktos Mamansms. Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!
-----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sun, 8 Apr 2012 14:10:27 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 153 “Tah ku sabab maneh geus eleh tarung ngalawan uing, daek teu daek maneh kudu jadi tuduh jalan Kaula ka Bantul.” Teu kudu ngadua kalian si Bejo malah atoh nu aya, asa aya nu daek haat mulung manehna digawe; da ditempat eta ge manehna teh nganggur pisan; ku sabab diajakna ku Jalma, dimana manehna ngarasa taluk pisan, atuh mani haripeut rek diangkat jadi tukang tuduh jalan teh. Episode ka 49 – Ngalalana ka Tatar Wetan Jalma jeung Ki Bejo neruskeun lalampahanana, kaciri Ki Bejo gumbira pisan, geus poho we kanyeri urut kacabokan ku Jalma teh, manehna saparat parat jalan alewoh ngadongeng, lolobana mah carita kabisa Ki Bejo; sakapeung sok dipairan ku Jalma; atuh beuki sumanget ieu ki Bejo teh. Jalma ge perlu batur ngobrol; ayeuna mah perjalanan teh cukup ngagumbirakeun, da aya batur pikeun silih kumaha. Lamun Jalma eureun shalat heula, Ki Bejo milu we acong2an bari teu ngarti ge; sabab manehna oge geus ngadenge soal Islam jeung soal shalat mah, ngan teu ngarti kumaha2na; nya atuh ayeunaa mah milu mamum we ka Jalma. Sanggeus aya tilu poe perjalanan , kakara nepi ka hiji lembur; di dinya Jalma mesen dua timbel nu galede sambel loba; deungeunna mah naon we sa aya aya; samemehna dalahar heula di ibu2 nu mangnimbelkeun keur Jalma; kaciri Ki Bejo mani rewog pisan jeung teu aya sugan sungkan. Jalma tapi resep ka Ki Bejo nu sigana jujur, enya ge kalakuanana sering kasar. Beuki teteg we ayeuna mah neruskeun perjalanan teh, da aya bekel nu lumayan. Tapi perjalanan nu ayeuna Kacida waluratna; geus aya lima poena, can manggih wae lembur. Nya dahar teh sa ayaaya di leuweung we; aya cangehgar; moro cangehgar; mun aya susukan ngala lauk. Dina poe nu kalima, geus liwat lohor, can panggih jeung ganyol2 acan; duanana ngarasa lapar; terus we istirahat heula handapeun kiara. Teu karasa reup we duanana sare tibra. Barang duanana sare, jol teh kadinya aya rombongan jelema2 belasan urang, ku sabab deukeut kiara eta, memang rada iuh nya daratangna kadinya eta belasan jelema teh; terus we paciweuh mirun seuneu, sigana mah maranehna geus meunang embe teu nyaho ti mana; terus dipareuncit jeung disamaraan ; maranehna nempatkeun eta embe saluhuran seuneu nu ngabebela; atuh nu sarare jadi asa kagareuwahan, terus we lalilir, barang lilir barang melenghir seungit daging embe; duanana neureuy ciduh, jeung ngarasa lapar pisan hayang dahar. Ku sabab nu ting raringkuk sare aya di Beulah jero; teu kacirieun ku eta belasan jelema; turug2 maranehna keur paciweuh masak daging. HANCA
