Fikmin #Life Style#

"Hihihi...!" Ibu Gubernur nyikikik, bari ngabulaéh ngalemar. "Prot!"
Diburakeun kana tampolong. Seupaheun digayem deui. Socana anténg neuteup
kana Galaxy Tab. "Hihihi...!" Nyikikik deui. "Aya naon Aceuk, gumujeng
nyalira?" Ibu Wagub nyirintil, bari ngagigiwing iPad. "Ieu geura ayi, aya
fikmin anyar 'Fatal Attraction', mani kalinglap ku judulna. Sihoréng
dongéng Sangkuriang." Saur Ibu Gubernur, bari ngasongkeun sabak digitalna.
"Aceuk, abdi mah resep ku fikmin Ustad Fauzi. Karayas waé temana téh. Mani
romantis. Bangun kasép nu ngarangna téh," walon Ibu Wagub bari ngagayem
surabi. "Ayi kadieu geura," Ibu Gubernur mencrong, "Engké deui mah, dina
pangaosan Saptuan Darma Wanita, méméh ngaos téh cuang selang heula ku maos
fikmin Sunda." ***

Kirim email ke