Episode ka 49 Neruskeun lalampahan 

   

Sanggeus
dua bulan Jalma ngajar Ki Demang Mertoyo; nu memang hayang pisan bisa basa
Walanda; nya kamajuanana gancang pisan Ki Demang teh; ayeuna geus ngarti kumaha
cara2 make omonganana ( grammar ); cepetna ngarti lantaran nu ngajar bisa; nu
diajar enya2 hayangna. 
Ayeuna Jalma mikirkeun rek  neruskeun deui lalampahanana neangan Nyi Ipah
tea. 


Kacaturkeun Utari , manehna geus teu tahan lantaran ayeuna
manehna ngarasa boga hate ka Jalma; padahal manehna ti baheula tara deukeut
jeung lalaki; sakalieun aya nu haha hehe saeutik ge geus disentak sengor ku
Utari teh; tapi ayeuna manehna ngarasa aya parobahan ti sanggeus nempo Jalma;
manehna ngarasa hayang deukeut terua jeung Jalma. Wah lamun eta si Mas Jalma
indit, rek kamana deui aing neangan ? Ah keun urang sina tahan we ku Kang
Demang. 

Sanggeus gilig hatena, gidig we Utari nepungan lanceukna nu
kabeneran keur ngomong sorangan mraktekkeun Holland spreken tea. Nya langsung
we disampeurkeun, pok nyarita:”Aduh Kang Mas Demang mani rajin pisan, nepi ka
poho we ngurus adi mah.” 

“Hahahaha, henteu kitu Utari, tetep we akang mah heman ka
sampeyan. Aya naon siga aya perlu ?” 

“Yeuh kang Mas, eta Mas Jalma teh pan pinter; pasti loba
gunana keur kang Mas.” 

Ki Demang :”Enya, kunaon kituh ?” 

 Utari:”Naha atuh ku
akang teu ditahan eta Mas Jalma teh, sina cicing di dieu,” Omongna bari rada
aleman; ku Ki Demang katempo yen unggal2 nyebutkeun ngaran Jalma paroman Utari
rada robah; hehehe, boa2 hehehe, padahal manehna ka lalaki teh anti pisan. Wah 
lamun
enya manehna resep ka Ki Jalma keun ku aing bakal diusahakeun. Kitu pikiran
Demang waktu harita. 

Ki demang:”Enyaa, tapi kapan manehna teh jelema nu bebas;
hiji Pendekar; nyao ti mendi; bejana keur neangan nu leungit; jadi kumaha
carana bisa nahan manehna ?” 

Utari:”Ah Kang Mas mah sok api2 bodo. Yeuh Kang Mas angkat
tah Mas Jalma jadi Jurutulis Kademangan pan beres. Naha Kang Mas Cangcaya ka na
kabisa Mas Jalma ?” 

Demang Mertoyo:”Ah lain teu percaya; ngan eta meunang
inspirasi ti mana diajeng; jeungna deui naha kira2 daekeun moal nya, Jalma
dititah digawe di dieu ?” 

Utari:”Ku urang kudu diolo; mun perlu dibere imah nu alus;
kitu deui pangiringna Si Bejo nu kuleuheu; bere imah di lembur.” 

Demang Mertoyo:”Ah lain pangiring, babaturanana.” 

Utari:”Potongan kitu mah, pantes keneh jadi pangiring Mas
Jalma da, hehehe. Tah kumaha kira2 bisa teu Kang Mas ngalaksanakeunana.” 

“Ke heula anan, soal eta mah. Hehehehe, ayeuna Kang Mas rek
nanya, naon sababna teu gugur teu angin si adi boga usul nu alus makoyo iku.
Pan biasana mah Utari teh hare2 we tara pipilueun.”Cek Ki Demang ngalelekan. 

Kirim email ke