Isukna barang Demang Mertoyo rek nitah badega ngangkir Jalma; na mejana nu paranti manehna diajar, aya kertas dilipet, ari dibuka teh ku basa Holland, surat ti Jalma. Nu eusina kira2 kieu : Meneer Joyo Mertoyo, Demang Batuurip. Guden morgen meneer, Ik ben naar Mataram, lantaran aya tugas nu katunda ku sabab kuring ngajar sampeyan; tah ku sabab ayeuna geus ngarengsekeun kawajiban Kuring; lantaran sampeyan geus pinter ayeuna mah; jadi kuring permisi rek neruskeun lalampahan. Kuring nganuhunkeun pisan ka na sagala kahadean sampeyan. Jeung kuring menta dihampura upama kuring jeung dulur kuring salila nganjrek di dieu nyieun kasalahan, Mudah2an engke dina waktu nu leuwih salse urang bisa patepung deui. Hormat ti kuring : Jalma jeung Bejo. Barang maca eta tulisan, Kacida Ki Mertoyo kagetna, langsung nitah hiji Ponggawa supaya naek kuda nyusul Jalma sugan masih kasusul; tapi eta ponggawa balik nyamos lantaran teu kaciri tapak2na acan cenah. Ki Demang ngan ukur bisa gegetun bari melang ka adina, nya eta Utari. Ayeuna Jalma geus jauh pisan ninggalkeun Padukuhan Batuurip; jol we ka hiji leuweung nu sigana can kasaba jelema; Jalma bingung, naha manehna geus sasab ? Naha kudu indit ngurilingan heula ieu leuweung kakara bakal manggih jalan deui ? Naha ieu teh buntu ? piraku kudu balik deui mah ? Si Bejo oge kacirina rada bingung, nempo leuweung anu sakitu luwang liwungna mah, lantaran manehna ge memang can ngajaran lalampahan jauh, komo ka leuweung ieu mah. Harita waktuna masih waktu Dhuha, beuteung geus lapar; dimana neangan kadaharan ? Keur kitu sada aya nu ngorosak jeung ngagorobas; maung gede buluna loreng, maung lodaya sigana keur ngudag2 kijang. Wah enyaan ieu mah leuweung angker pisan yeuh cek hate Jalma; tapi didieu sigana masih loba keneh sato alasna ; ah moal kalaparan mun kitu mah. Tapi kumaha nembus ieu leuweung sakieu gerotna? Cek Jalma dina hatena. Manehnaa inget tadi waktu indit ti Kademangan, asa manggih jalan teh dua cabang, nu hiji ka wetan , nu hiji deui ka Kidul; ku sabab manehna teu nyaho jalan , nya nyokot nu ka Kidul, meureun aing geus sasab yeuh. Nya ahirna Jalma mutuskeun rek balik deui ka jalan tadi, terus rek nyokot jalan nu hijina deui; teu kanyahoan waktu geus rek burit, kapaksa Jalma eureun heula nyelang shalat asar. Si Bejo nu biasana gumbira ayeuna mah ngabetem we, jeung manehna ge teu loba omong waktu Jalma balik deui, nya terus we nuturkeun Jalma. Untung na perjalanan eta, manggih tangkal cau, nu sigana aya nu asakna; nya Jalma metik sababaraha hiji, enya masih can asak pisan, tapi lumayan ti batan kalaparan mah. Wanci Maghrib kakara nepi ka jalan cagak tea. Nya kapaksa Jalma jeung Ki Bejo sare di dinya gentenan, da bisi aya sato nu nyiar mangsa, ngaliwat ka dinya. Enya we, teu kanyahoan ti mana jolna aya oray Sanca sagede leungeun ngadeukeutan ka dinya; kabeneran Jalma keur giliran sare; Ki Bejo reuwas pisan nempo oray geus deukeut, teu kanyahoan ti anggalna; tapi Bejo ge lain jelema jore jore, manehna kaasup Jadug oge; langsung manehna rikat newak eta oray; oray Sanca langsung rek meulit Ki Bejo; Ki Bejo rikat ngagiwar; oray teu katewak, Ki Bejo ge teu beunang kabeulit. “Aeh siah rek ngalawan ka aing siah ? hayang disate siah !?’ Cek Ki Bejo cocorowokan sorangan; eta si oray kacirina geus lapareun pisan, da euweuh kasieun ku jelema terus we nekad nyerang; tapi ngan sakilat Ki Bejo bisa newak terus dibabetkeun sirahna, mangkaning Ki Bejo geus ngerahkeun tanaga jerona atuh harita keneh oray Sanca teh paragat. Najan teu lila eta tarung jeung oray; Ki Bejo ngarasa cape , hanaang, jeung leuleus, terus we manehna ambruk , brek we diuk ngalempengkeun jalan pernapasan. HANCA
