Keuheul kuring yeuh...... Aparat anu model kitu henteu kabeh, mun di cokot rata-rata lolobana aparat sok adigung gede hulu ti pangkat cere (prajurit) sampe ka luhur (jenderal), Teu kaopan maen babuk jeung tenggeul, asa aing anu boga nagara. Mun nyokot istilah kontribusi pemasukan ka APBN, TNI jeung POLRI mangrupakeun beban APBN, jadi naon TNI jeung POLRI kontribusina ka APBN? Da anu leuwih mere kontribusi ka APBN nyaeta rahayat. Rahayat umum anu boga imah, sawah jeung kebon mayar pajak, nyaeta PBB tea, boga motor, mobil mayar pajak, anu digarawe kantoran utamana pagawe sawasta mayar pajk nyaeta Pajak Penghasilan. Na kunaon eta TNI jeung POLRI anu jadi beban rahayat sok kurang ajar ka rahayat, iih pinajiseun. Eta aparat sok gagayaeun gede hulu mawa mobil dinas anu jelas mobil eta dibiayai ku duit rahayat, na sia teh gede hulu kitu?? Kungsi ngalaman lima taun katukang pasigeung jeung salah saurang oknum aparat, harita mobil kuring nyarempet mobil dinas aparat anu belang-belang. Hente antaparah deui eta mobil belang teh ngudag kuring sampe dipalangkeun di tengah jalan, henteu ba bi bu deui gelepuk...gelepuk eta leungen nenggeul beunget kuring sampe beureum karasa nyeri. Atuh menang bogem mentah anu ngadadak kuring henteu cicingeun, turun tina mobil terus nyamperkeun eta mobil belang tuluy dijambret eta baju si aparat teh terus ku kuring sirahna ditotogkeun kana kaca mobil jedor, jedor sampe ka benjol bari ngomong : "Bangsat sia!!! Bapa aing oge mantan aparat henteu gede hulu cara sia!!! Asa kabina-bina teuing sia teh, na sia jadi tantara teu nyakola, henteu make basa basi maen babuk bae!!!. Hayu sia hayang urusan panjang mah jeung aing, ku aing dilayanan!!! Kara pangkat sakitu ge geus kancolah sia, jurig!!!! Jebret...jebret....leungeun kuring nampiling eta sersan budak ngora. Atuh dur der gelut di tengah jalan, untung aya polantas............huh pinajiseun!!! Jadi prajurit teh lain sakadar tampang garang, tapi kudu boga etika, sopan santun. Garang di medan tempur, tapi luwes di tengah kahirupan masyarakat, tah kitu!!
________________________________ Dari: Mang Kaby <[email protected]> Kepada: 4Wheeler <[email protected]>; Senyum-ITB <[email protected]>; Alumni IPB <[email protected]>; Baraya_Sunda <[email protected]>; Kisunda <[email protected]>; UrangSunda <[email protected]>; Kota Bogor <[email protected]>; Landy_series <[email protected]> Dikirim: Rabu, 2 Mei 2012 4:45 Judul: [kisunda] Re: OOT:kelakuan (oknum)aparat [2 Attachments] [Attachment(s) from Mang Kaby included below] Euleuuuuuuh... Sediiiiih Om Rudy berbeda mindsetnya yah... harusnya melayani dan melindungi masyarakat duuuh... maluuuu dong ah sama Patung Jendral Sudirman yang berdiri tegak membela masyarakat Indonesia walaupun dalam kondisi sakit bergerilya untuk memerdekakan masyarakatnya yg dijajah walanda :((. Malu dong ah sama pahlawan tanpa tanda jasa para marinir Angkatan Laut di Situ Balong Dalem Jalaksana Kuningan yang makamnya tak bernama berperang melawan penjajah sampe mati berkalang tanah untuk memperjuangkan kemerdekaan rakyat Indonesia :((. Alhamdulillah Tugu nya masih berdiri tegak dan dirawat oleh TNI AL. Semoga bisa menjadi simbol dan inspirasi para Tentara, Aparat, Pemerintah bahwa dahulu kala para pejuang yg telah mengorbankan dirinya untuk memerdekakan Indonesia sampai titik darah penghabisan agar rakyat Indonesia sejahtera. Bukan kemudian malah dipukuli, uang iuran pajak nya juga di korupsi :((. Nuhuuuuuns, Mang Kabayan www.dkabayan.com ________________________________ From: "Rudy A S" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 1 May 2012 17:22:14 +0000 To: Milis 4Wheeler<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [4wheeler] OOT:kelakuan (oknum)aparat Ayo sebarkan, kalo Jadi angkatan, berpangkat, pegang Pistol bukan seenaknya di jalan. Ingat, para aparat dan aparatur negara di gaji lewat pajak yg di bayar rakyat.. Seharus nya mallu menindas sipil(rakyat) yg notabene pembayar pajak(yg bayar Gaji kalian smua para aparat dan aparatur negara) bukan jdi keparat di jalan.. Semoga sampai ke atasan nyah... Ketika aparat bersikap arogan http://tinyurl.com/6v27quw Rudy Adi Suryono
