Sajeroning leumpang balik deui ka pasar, Jalma mikir yen
kakara nyanghareupan Mawar Hideung wae, manehna can tangtu bisa hasil
ngelehkeun jeung ngarebut Nyi Ipah; komo ayeuna bakal nyanghareupan salian ti
Mawar Hideung, kudu oge nyanghareupan guruna. 


Kumaha yeuh ? cek na hatena. Ah tapi ieu mah melaan bebeneran
kumaha engke we; ngan eta naha Mawar Hideung ngangkat murid Nyi Ipah ? Naha
maksa atawa kumaha ? Jeung nyata geus loba nu dijadikeun murid ku Ieu si Mawar
Hideung; salah sahijina nya eta Sari ! 


Leng deui Jalma nginget2 Sari; di mana kaciri Sari geus
mopohokeun hubungan manehna baheula; kacirina leuwih taat ka Mawar Hideung. Wah
cilaka , boa2 Nyi Ipah ge bakal kituna .Lamun nepi ka kitu tea mah, enyaan
cilaka pisan, boro2 bisa mawa Nyi Ipah ka Wanayasa; boa teuing Nyi Ipah ge
embungeun dibawa balik ? Jalma enyaan pusing jeung nguluwut hatena, lantaran
nyanghareupan masalah nu musykil pisan; sajeroning leumpang balik manehna kawas
nu rada linglung; ampir we sasab ka tempat sejen deui; untung panggih jeung Ki
Bejo nu neangan Jalma; atuh nya balik we ka tempat nu dianjrekan tea. 


Ki Bejo heran nempo Jalma jiga nu linglung; nya manehna
nanyakeun ka Jalma sabab2na. Ahirna Jalma nyaritakeun masalahna ka Ki Bejo, Si
Bejo oge ngahuleng, ti na ku baluweng teu manggih jalan nu pihadeeun. Tapi
ahirna Jalma solat Lohor; sanggeus shalat ngadu’a anu panteng tea; yen manehna
ayeuna aya di na kasulitan. 


Sanggeus ngadu’a terus we dalahar; ayeuna Jalma rada tenang
sabab geus aya cekelan na hatena yen masing sakumaha susahna oge; tapi keukeuh
kudu dilakonan, hasilna mah pasrahkeun wae ka Gusti Nu Murbeng Alam; da urang
mah Dharma nglakoni tea. 


Nya sanggeus reugreug mah Jalma terus we neruskeun lalampahan
nuju ka Bantul rek nyusud Si Mawar Hideung; soal engkena kumaha Jalma
masrahkeun ka Gusti; cek paribasana gagal ge ari geus dicoba mah teu panasaran;
kitu pipikiran Jalma waktu harita.HANCA
 

Kirim email ke