Sagala ge kudu rada logis rasionil; mun bisa mah ulah aya we kajaiban teh. 
Nuhun Kh 3 RUT

--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Ulasan Kang Yani dina paragraf panungtung, ceuk uing mah hadena tong
> didenge tah Bah AA. Mun Bah AA boga misi rek ngapungkeun superioritas urang
> Sunda ti seler sejen, kudu jejem si Jalma tong sina guguru ka pihak lain.
> Kajaba mun misi Bah AA, boga misi sejen. Bah AA kudu bisa ngeunteung kana
> carita film Cina, najan hut-het tangan kosong, sangguh ngalawan mariem. Mun
> bisa kitu karek ku uing dipuji. Hahaha
> 
> 2012/5/8 MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...>
> 
> > **
> >
> >
> > Sigana Bah AA dina episode 166/167 tos ngaluarkeun "jurus rumit". Nyi Ipah
> > jeung Nyi epon diasuh ku dua guru anu beda. Duka  tah, aya maksad naon,
> > make diasuh ku dua guru beda. Jigana wae kumargi nyi Ipah masih "hijau"
> > dina urusan kanuragan, diasuh ku Mawar Hideung. Tapi Nyi Epon anu tos aya
> > dasar kamampuan elmu kanuragan, diasuh ku guruna Mawar Hideung anu
> > kamampuhan elmuna leuwih luhur tibatan mawar Hideung. Mawar Hideung
> > spesialis ngajar elmu "basic" ari guruna ngajar elmu "advantage". Naha aya
> > pangaruhna kana kapribadian dua wanoja eta, masih kedah ditingali deui.
> > Tapi Jigana Jalma tos tiasa nebak ku ayana kasus "Sari"  guguru ka Mawar
> > Hideung. Tapi kuring yakin, asih anu ngancik di Nyi Ipah atawa nyi Epon, ka
> > Jalma, bakal ngaruntuhkeun jiwa "barangasan" anu diturunkeun ku Guruna.
> > Sigana wae, Mawar Hideung jeung Guruna, ngasuh murid-muridna aya motif
> > tertentu anu teu acan dijelaskeun dina episode ayeuna.
> >
> > Perkara elmu kanuragan di Pasantren, sigana wae jaman baheula tradisi eta,
> > salah sahiji kaunggulan pasantren. Aya pasantren-pasantren anu
> > kaunggulanana dina widang kanuragan, aya oge pasantren anu ngahususkeun
> > dina widang tasauf. Siga sakola paguron luhur ayeuna. Soal teknik nya ITB
> > jagona, Kedokteran nya di UI puseurna. Jigana Jalma oge bakal guguru elmu
> > kanuragan di pasantren dukuh Ngawi. Komo deui cenah ajaran kanuragan ieu
> > teh diturunkeun ku para wali salapan. Jiga komik cersil "jaka Sembung". Mun
> > teu lepat mah, kungsi guguru ka Syeh Syarif Hidayatullah, Wali anu
> > kasalapan. "bumbu" elmu kieu di pasantren sigana bakal "menarik" upami Bah
> > AA tiasa ngadadarkeun langkung paos.
> >
> > Baktos,
> >
> > mrachmatrawyani
> >
> >   ------------------------------
> > *From:* Abbas Amin <abas_amin08@...>
> > *To:* kisunda <[email protected]>; urangsunda <
> > [email protected]>
> > *Sent:* Monday, May 7, 2012 1:20 AM
> > *Subject:* [kisunda] Cersil Sunda 167
> >
> >
> >  EPISODE 52 : Dukuh Ngawi
> >
> > Ayeuna Jalma geus nepi ka hiji pilemburan nu teu pati gegek teuing;
> > Ngaranna Dukuh Ngawi; di dinya aya Pasantren leutik nu cenah di pimpin ku
> > Embah Lanang nu masih tuturunan murid Sunan Kali Jaga. Nya Jalma nyimpang
> > ka dinya.
> > Terus we Jaalma nepungan Embah Lanang bari ngenalkeun; kaciri Embah Lanang
> > Kacida atoheunana didatangan ku Jalma teh; Jalma di hiap2 malah ulah rek
> > gancang indit sok we di dieu sabaraha poe atawa minggu ge pasti ditarimana;
> > jeung ulah sieun teu dahar cenah.
> > Jalma jeung Ki Bejo ge nya nyimpang we ka dinya; malah peutingna milu
> > disatukangeun murid2 pasantren; harita keur talaah Kitab Jurumiyah. Ari Ki
> > Bejo mah kaciri teu ngarti saeutik eutik acan, gawena ngan heuay we; mun
> > teu di tepakan ku Jalma mah, ti tatadi geus sare meureun.
> >
> >
> >
> >   
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke