Sanggeus istirahat, nu maju ayeuna Ki Dewo rek nyoba kadigjayaan Ki Bejo; Ki Bejo maju deui sanggeus meunang isarat ti Jalma. Ki Dewo barang sup ka kalangan langsung ngagerakkeun dua leungeunna; tanda pamanasan kenca katuhu digerakkeun ari kuda2na Pamacan. Ki Bejo oge gancang asup deui ka pakalangan; terus mere tanda ka Ki Dewo supaya maju. Teu loba omong deui Ki Dewo terus nyerang, Kacida kesit jeung tanagaan, memang siganaa kabisana Pamacan; jeung ari Pamacan loba nyerangna ti batan “nahan”. Tapi Ki Bejo oge gancang ngajalankeun jurus2na mani kesit; kaciri pisan Ki Bejo yakin ka na dirina ( PD tea meureun ); masing enya ge Ki Bejo diserang terus2an; tapi euweuh nu kakeunaan, malah sakali mangsa mah Ki Dewo keuna dikait sukuna, langsung ngajungkel harita keneh. Mbah Lanang keprok tarik pisan, muji2 Ki Bejo alus cenah. Barang nanya deui bisi masih aya nu hayang maju deui. Tapi sigana nu tiluan ngarumasakeun maneh sahandapeun Ki Bedu jeung KI Dewo; jadi teu wani maju. “Hahahaha ! Ki silah duaan, enyaan Pendekar Jadug; geus taunan arang langka nu kadieu bisa ngelehkeun murid2 Kulo; wah enyaan sampeyan duaan hebat.” Cek Mbah Lanang. Ki Bejo mani kembung2 we irungna dipuji kitu teh. Ari Jalma gancang we nyarita:”Ah, kabeneran we meureun Kulo duaan keur mujur; jadi bisa meunang.” Mbah Lanang pok nyarita, yen isukan urang tuluykeun, ayeuna mah istirahat heula cenah. Nya Jalma jeung Ki Bejo terus we istirahat di kamar kobong di dinya. Murid2 Pasantren isukna kaciri sikepna leuwih hormat ti batan kamari, lantaran Ki Bejo geus ngabuktikeun yen maranehna duaan lain Pesilat biasa.Jadi murid2 Pesantren Ngawi ngahargaan pisan ka Jalma jeung ka Ki Bejo. Sanggeus shalat shubuh terus talaah kitab; rengse talaah kitab, laju we ngariung deui jeung Mbah Lanang nu geus nyadiakeun sasarap kulub jagong jeung gula kawung nu kakara dijait tea. Biasa Ki Bejo mah, kakara ditawaran ku Mbah Lanang teu antaparah deui; terus we nyikat kulub jagong nu disayagikeun. Mbah Lanang mah mesem we maphum. Teu lila murid2 sejen permisi ngaraleos kaluar; meureun model di Wanayasa sacabakna sacabakna we para Santri teh. Ayeuna nu ngariung tinggal tiluan deui. Bari mesem Mbah Lanang nanya ka Jalma:”Jalma, ari sampeyan teh arep ngendi Tole ?” Jalma:”Saenyana mah kuring teh keur neangan babaturan Kulo.”Hanca
