Hahahaha... awas pisan Kang Narayana maah ah. Hehehehe.
Tah pan abah teh tukang ngaliput; eta ku gancang2 teuing, jadi apal oge ngaran2 
jurus, tapi waktu digunakeun ku si Jalma jeung nusejenna geus teu katempo deui 
make jurus naon2na; da atuh mani ngan sakilat2 ; jadi we reportasena teu 
lengkep.

Ke lah maanawi kapayun, urang pikirkeun deui cara nempo eta jurus2 teh. 
Hahahaha pasti Kang Narayana kapungkur sok maaos cersil nya ?

--- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote:
>
> lajengkeun bah Aa...
> lain, dititenan teh asa tara pati dicaritakeun jurus-jurus nu sok dipake 
> gelut boh ku jalma boh ku tokoh nu senjen. jigana mun diaranan eta 
> jurus-jurus nu dipake gelut teh pasti tambah hebat ieu cersil teh. geuning 
> jiga dina pilm naruto, aya kage bushin no jutsu, rasengan, sharingan, 
> mangekyu, chidori,jrst.
> 
> sakali deui nuhun bah. bieu teh keur nundutan, pas ningali cersil jadi 
> cenghar deui yeuh...
> 
> ________________________________
>  Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Dikirim: Kamis, 10 Mei 2012 11:31
> Judul: [kisunda] Cersil Sunda 172 panjang
>  
> 
>   
> Episode ka 53 : Alas Kobar
> Setan Alas kobar, geus lila paeh ku sabab tarung jeung Mawar
> Hideung; tapi setan alas Kobar teh boga murid tilu, nu tiluanana oge jaradug;
> Gorombolan Alas Kobar geus bubar, lantaran diacak acak ku Mawar Hideung; tapi
> ayeuna di Alas kobar geus mucunghul deui hiji gorombolan nu make ngaran 
> “Macan
> Telu”; ieu gorombolan Macan Telu teh, boga patekadan hayang males pati ka Si
> Mawar Hideung; nu mimpin ieu gorombolan, teh nya eta Tilu murid Setan Alas
> kobar; nu ngaranna  ka hiji Ki Subali; kadua Ki Maruto jeung nu katilu Ki 
> Gento.
> Kakara ge sabulan eta gorombolan Macan Telu teh geus kasohor,
> lantaran saha we nu wani ngaliwat ka daerah Alas kobar, tangtu moal salamet;
> pasti barang bawaanana dirampas. Sigana si Mawar Hideung can ngadenge yen di 
> alas
> kobar aya deui gorombolan; sedengkeun si Macan Telu, nya eta Subali, Maruto 
> jeung
> Ki Gento malah nungguan hayang gura giru amprok jeung si Mawar Hideung. 
> 
> Oah2 nu
> dareukeut ka dinya mah, kapaksa taluk ka ieu Macan Telu.
> Tapi samemeh jadi Jadug di Alas Kobar, Si Tilu jago nya eta
> Subali, Maruto, jeung Gento geus ngaguyurkeun Karajaan Mataram; lantaran cenah
> maranehna nu Tilu Jago kungsi dikepung ku Penatus Joyo Sengkolo ti Madiun,
> lantaran ngacowkeun daerah Madiun; tapi eta nu tiluan bisa lolos; malahan Ki 
> Penatus
> jadi tanpa daksa; ari pasukanana burak barik; ti semet harita les we eta Tilu
> jagoan teh ngiles ti Madiun; malah baralik ka Alas Kobar, sigana mah rek males
> pati ka Mawar Hideung. Tapi ku sabab si Macan Telu ieu geus nyieun karaman ka
> Kadipaten Madiun, nya tangtu diarah ku Pasukan Mataram; nu matak si Macan Telu
> can wani nembongan terang2an. 
> 
> Tah nya di alas Kobar ieu, manehna ngadegkeun
> gorombolan Macan Telu nu dipikasieun tea.
> Tumenggung Purworejo ge geus ngadenge hawar2 aya eta
> gorombolan nu dipimpin ku Macan Telu; tapi ku sabab teu pati ngagalaksak, 
> jeung
> loba deui urusan nu leuwih penting; Tumenggung Purworejo ngantep heula, tapi
> nyilidik mah terus.
> Tah Jalma harita, geus nepi ka eta alas Kobar , manehna oge
> dibejaan ku urang lembur samemehna; cenah kade mun ngaliwat Alas Kobar kudu
> ati2; lantaran kadang2 sok aya cegatan ti Gorombolan Macan Telu. Memang eta
> gorombolan teh tara unggal poe megatan nu ngaraliwat; waktuna tara tangtu; 
> komo
> ayeuna mah sudagar nu ngaliwat teh euweuh nu wani ngaliwat ka dinya; maning
> keneh nguriling ceuk paribasana. Padahal mah operasina Gorombolan Macan Telu,
> teu tangtu; kadang2 jauh ti eta Alas Kobar; ngan lamun geus nancepkeun bandera
> Tilu Macan, rampog2 sejen nyaringkah teu wani pasalia jeung ieu Macan Telu.
> Saenyana loba gorombolan sejen nu hayang ngusir gorombolan
> Macan Telu ti Alas Kobar; lantaran ngaganggu ka na pakasaban maranehna; kadua
> sieun kabarerang ku Pasukan Mataram. Tapi maranehna teu wani, atawa masih 
> ragu2
> ka na kakuatan diri maranehna; naha sanggup teu ngalawan ieu Macan Telu ? Jadi
> saenyana mah ieu Gorombolan Macan Telu teh loba musuhna; tapi maranehna teu
> gentar, maranehna malah sering nalukkeun gorombolan begal laleutik, nu deukeut
> ka dinya; ngahaja dijorag ka sayangna; nepi ka kadang2 banjir getih.
>  Jalma geus apal ka na
> Kasakten Setan Alas kobar, ti na caaritaan Mbah Lanang; ayeuna Macan Telu
> murid2 Setan Alas Kobar; tangtu lain sisiwo kadigjayanana, tapi Jalma teu
> gimir, terus we maju dituturkeun ku Ki Bejo; nu oge kaciri teu aya riuk2 gimir
> sama sakali. Lantaran yakin ka na kajagoan Jalma.
>  Harita poe kira2 waktu carangcang tihang,
> Jalma jeung Ki Bejo asup ka jajalanan di eta Alas Kobar; Jalma teu kaciri
> culang cileung maju we terus ka hareup, tanda boga hate nu buleud. Ki bejo oge
> nuturkeun baari jeung waspada. Masing sakumaha tetegna ge Ki Bejo rada culaang
> cileung, lantaran masing kalah kumaha oge Ngaran Si Macan Telu geus sohor
> pisan; masing can nandingan guruna Si Setan Alas kobar.
> Ayeuna Jalma
> geus aya ditengah leuweungna pisan; jadi maju terus atawa balik deui ge sarua
> jauhna. Nepi ka geus beurang kitu can panggih aya nu nyurigakeun; nya Jalma
> eureun heula bari murak timbel nu dibawa ti lembur samemehna.
> Barang
> duanana keur nimaat dalahar…. hahahahahahahahahaha … aya sora nu seuri ti
> jero leuweung; karasa eta sora aya tanaga gaibnaa da nepi ka ngageter nu
> ngadengekeunana, boh Jalma boh Ki Bejo; hartina eta nu seuri boga tanaga jero
> nu lumayan hebat. Gancang we Jalma jeung Ki Bejo ngarengsekeun dalaharna ;
> terus we nangtung bari oge nyalurkeun tanaga jero supaya ulah kapangaruhan ku
> sora seuri nu ngagakgak tea.
> Eta seuri nu
> panjang jeung ngagakgak teh ahirna eureun; terus aya nu laluncat ti na sisi2
> kai; lobaan . Nu mimiti ka dinya tilu jelema; terus disusul ku nu sejenna ;
> rata2 paromanna barosongot matak sawan budak.
> “hehehehe,
> cek jelema begang jeung cekrang, teu siga2 jago; beungeutna oge semu pias;
> andika maih ngarora keneh geuning, nyata arandika boga wawanen nu gede. Tapi
> naha eta wawanen kasartaan jeung elmu nu dicekel !” Hahahaha !”
> Terus nu
> sejenna oge milu sareuri.
> Jalma
> langsung we nanya :”Eh arandika sedoyo sopo ? lan opo mangsude sampeyan 
> sedoyo
> !?”
> “Hahahaha !
> Eh dulur2 pantes teu ieu budak kamari sore nanya kitu ka Kula !?”
> Nu Jangkung
> gede satukangeun si cengkrang maju ka hareup, terus nyentaak :”Heh ! budak
> ngora ! Nu kudu nanya teh Kaula ! Lain sampeyan ! Rek naon sampeyan aya di 
> dieu
> hah !?”
> Jalma
> gancang ngajawab:”Hehehehe, mun teu salah ieu teh jajalanan umum nya kuring 
> rek
> indit ka Bantul, nya kudu ngaliwat ka tempat ieu, wajar we atuh.”
> Si Pedekrek
> oge satukangeun si kerempeng, maju ka hareup :”Nyaho henteu arilaing keur
> nyanghareupan saha hah !?”
> Jalma:”Nu
> mataak Kulo tadi nanya ge, lantaran teu apal !”
> Si Jangkung
> gede nyentak deui :”Mustahil maneh teu nyaho ? yeuh ieu teh Alas Kobar, nu
> ngawasana nya eta Macan Telu; tah ieu Kang Subali; manehna bari nunjuk ka
> sikerempeng; ari Kulo Maruto; itu nu pedekrek Ki Gento.Tah maneh geus ngadenge
> ayeuna, sok gura giru menta ampun geus ngotoran ieu tempat teu menta idin 
> heula
> !”
> Jalma:”Gampang
> ari menta maaf mah; kula moal beurat; ngan ti iraha ieu leuweung dikawasa ku
> aranjeung sakabeh !?”
> Atuh geus
> teu kaampeuh deui eta nu tiluan teh amarahna; tapi barang rek gerak; anak
> buahna ti tukangeun bari mesat bedog pok ngomong:”Keun we ieu mah bagian 
> Kulo
> ! keun we Tilu Jago mah teu kudu turun, ngotoran. Barina ge budak leutik kieu
> mah tong diajak ngobrol maning diperenan we. Ngomongna kitu bari luncat ka
> hareupeun Jalma bari ngabulang balingkeun bedogna. Diantep we ku Pamimpin nu
> tiluan teh teu dicegah.
> Ki Bejo
> nempo aya nu ngabulang balingkeun bedog geus teu sabar deui; heat gusrak treng
> ! bedog jeung jelemana harita keneh tipecleng ! Atuh para gorombolan Macan 
> Telu
> teh mani hookeun, ku sabab teu nyangka ngan sakilat pisan Ki Bejo ngaringkang
> baladna geus tijurahroh ! Mani karageteun jeung reang sora karaget.
> Ki Subali
> luncat ka hareup :”Heh dulur2 caricing ! ulah gerak; keun ieu jelema teh 
> bagean
> Kulo tiluan !”
> Terus Subali
> Ki Wiro jeung Gento nyanghareupan Ki Bejo; Ki Bejo oge taki2 lantaran pastina
> ge eta nu tiluan teh lain jadug sambarangan; ngan Jalma nu masih kalem teh;
> nempokeun heula ketakna eta para gorombolan nu keur ngepung manehna duaan.
> Ki Gento si
> Pedekrek geus patukeur tonjokan; duanana sarua tangginasna. Ki Gento seuri 
> mani
> ngagakgak:”Hahahaha ! bener jago oge Kowe ! Paingan atuh wani pisan 
> ngaliwat ka
> ieu leuweung. Tapi nyanghareupan Maung Telu ulah sambat kaniaya; pasti
> sampeyan ngajadi babatang. Hahahaha !”
>  HANCA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke