Subali poe
ieu ngarasa cape pisan, badanna luut leet kesang; melong ka Jalma jeung ka Ki
Bejo, manehna geus euweuh napsu deui rek tarung, malah na kereteg hatena
manehna atoh yen ieu Budak ngora  teh
siga nu ngamusuh ka si Mawar Hideung; wah mun dibaladan tangtu loba untungna.  

Terus we
Macan Telu nyampeurkeun ka Jalma jeung Ki Bejo; nu can waka indit ti dinya. 

“Eh Ki
silah; maaf Kulo can nanya saenyana saha sampeyan duaan; nyata sampeyaan lain
sabangsa Pendekara Kacangan, Kulo menta maaf tadi geus teu sopan ka sampeyan”
Ngomongna kitu Subaali rengkuh ka Jalma; diturutan ku Ki Maruto jeung Ki Gento;
nu oge menta maaf. Terus malahan eta nu tiluan ngahaja ngondang Jalma supaya
datang katempatna. 

Jalma
gancang males hormat eta si Macan Telu, terus nolak sacara sopan:”Eu …… kuring
jeung sampeyaan sedoyo cara minyak jeung cai; tah kuring aya tujuan nu can
tuntas; kula pamit rek nuntaskeun eta masalah.” 

Subali teu
gedag terus nyarita deui :”Tadi kadenge saliwat, sampean aya masalah jeung
Mawar Hideung; mun perlu, Kulo si Macan Telu arek ngabantuan sampeyan, supaya
tugas sampeyan gancang beres.” 

Jalma:”Nuhun
pisan, sampean Macan Telu, rek ngabantuan Kulo; tapi ieu urusan pribadi Kulo nu
moal bisa kacampuran ku leungeun sejen, Kulo nuhun pisan kana maksud sampeyan
nu hade. Tapi teu kudu dibantuan, asana mah Kulo ge masih bisa
ngarengsekeunana,” 

“Hahahaha,
Kulo ge maphum sampeyan memang Pendekar ngora nu hebat; Kulo bener2 muji ka na
kagagahan sampean; Kulo ge can puguh tadi bisa ngelehkeun sampeyan. Cing naon
atuh masalah sampeyan jeung si Mawar Hideubg teh ?” 

Jalma :”Cek
Kulo oge, ieu mah masalah pribadi pisan, teu meunang nu sejen pipilueun; keun
we bakal direngsekeun ku cara Kulo sorangan; sampean Macan Telu teu kudu apal
ka na urusan Kulo.” 

Rada
harendeg Subali; Maruto jeung Gento oge semu keuheuleun ka Jalma; tapi
maranehna ngarti teu gampang ngelehkeun ieu dua pendekar ngora; jadi leuwih
aman ulah tarung; komo di na poe ieu mah, loba pisan karugian ti pihak Macan
Telu; sigana loba nu korban; nu kudu gancang2 diurus; jeung nu leuwih penting;
pindah ulah di eta tempat; lantaran geus kapanggih ku pihak Karajaan. 

 Sanggeus nyebutkeun ngaran manehna jeung KI
Bejo; terus we Jalma neruskeun lampahna nuju Bantul; tempatna Mawar Hideung. 

  HANCA 

Kirim email ke