Jalma ngehkey we na hatena, ngadenge caritaan eta nu boga imah; eta hartina euweuh nu apaleun yen saenyana mah nu disebut Mbak Lasmini teh nyata si Jago Pendekar Persilatan Jawa ieu Si Mawar Ireng atawa Mawar Hideung. Tapi Jalma teu mere komentar naon2; terus we istirahat. Peutingna bada Isya Jalma ngobrol jeung Ki Bejo; kaciri Ki Bejo mah teu pati sumanget, lantaran masing enya Jalma oge jadug, tapi manehna masih was was; komo kapan kamari ieu di Alas Kobar Si Mawar Ireng geus nunjukkeun kabisana; enya we lain sisiwo; Ki Bejo kacirina rada gimir. Cek Jalma negeskeun:”Isuk Kulo rek indit, jaga ieu barang2 Kulo; mun aya naon2 gura giru we tinggalkeun ieu tempat; ilaing ku Kulo dipenta pangbejakeun we ka wanayasa…” Kakara ge Jalma nepi ka dinya, kaciri beungeut Ki Bejo beureum, tanda rada ambek; pok we nyarita rada ketus:”Ieuh Jalma ! ilaing teh nganggap ka uing teh naon hah ? Yeuh enya ge Kulo lain murid ti pasantren, tapi ari soal kasatiaan mah jeung harga diri Kulo teh boga , Jalma ! Naon kasebutna uing dulur sampeyan, tapi jicir ninggalkeun dulur cilaka !” Jalma rada ngahuleng nempo ketak Ki Bejo kitu, terus nyarita lalaunan:”Yeuh Bejo, ieu mah enyaan masalah kuring pribadi. Teu kudu ngabarerang ka sasaha. Keun we ieu masalah bakal ditanganan ku Kulo pribadi. Sampeyan mah tong pipilueun.” “Yeuh Jalma ! Ti barang uing indit nuturkeun sampeyan, uing geus jangji di na hate naon we nu disanghareupan ku sampean Kulo milu. Tong boro asup ka Losari atuh, najan mun sampean asup ka na seuneu nu ngabela bela; Kulo katut ! Ulah ngarendahkeun Martabat Kulo Jalma. Kulo bakal satia ka sampeyan. Tong ! Tong wani2 ngalarang, najan maneh ngalarang uing bakal milu ! paling mun sampeyan maehan Kulo.” “Geus ! Geus! Geus ! ulah nyarita deui Bejo ! Mun memang sampeyan geus nekad hayang milu; nya kapaksa Kulo mawa sampeyan … tapi Kulo sieun mamawa cilaka ka batur !” “Ah ! Jalma ... Jalma ... Ilaing mah sok ngarasa jago sorangan, satriya sorangan…. Naha batur teu meunang nunjukkeun jiwa satriyana hah !?” “Uluh2 itu Ki Bejo, ari geus ngambul … hahahaha …. Heug atuh milu … naha Kowe wani karo si Mawar hideung !?” “Hahahaaha ! Enya saenyana mah rada degdegan Kulo ngaku. Tapi kuring leuwih sieun mun ditinggalkeun ku Kowe ! hahahaha !”HANCA
