Loba pisan
tanda Tanya na hate Jalma ngeunaan masalah eta, tapi Jalma eureun mikiraanaana
lantaran di hareupeun aya imah nu oge diwangun Kacida asrina. 

Imahna
beresih, dikapuran, atuh buruanana mani lalening beresih, matak pikabetaheun;
disagigireunana aya balong, nu kaciri laukna tingsuliwer ngarojay; tanda laukna
loba. Sisi balong, sigana dipelakan tutuwuhan leutik, sabangsa surawung, 
saledri,
bawang daun, cikur jste. Tanda yen nu bogana rajin ngurusna. 

Barang jol
ka dinya terus Kulo Nuwun; bray panto dibuka; nu narima teh hiji lalaki  

Tengah
tuwuh, terus we nanya mani someah pisan:”Sampeyan tiang pundi, Cah Enom ? Ono
kapigawe nopo sampean cunduk ing losari iku ? wonten janji kaaro ssopo sampeyan
?” 

Walah eta
palayan, nanyana leuwih ti upas Kumpeni ! Cek Jalma na hatena, ah cik urang
nyarita kieu we, pok we Jalma ngomong:”Mbak Lasmini wonten PakDe ?” 

“Sampun
janji karo ndoro ayu si Mbak Lasmini ?” nanya deui wae si Badega teh. 

“Sampun.”
Cek Jalma ngaraah gancang; leos wae eta si bapa asup; terus kaluar deui gancang
pisan:”Sopo jenenge cah enom ?” 

Jalma:”Jalma
lan dulur Kulo Ki Bejo.” 

Leos deui si
badega teh asup; tapi teu lila geus kaluar deui; ayeuna mah langsung
diSundakeun:”Cek si Ndoro Lasmini, asa teu boga kenalan ngaran Jalma jeung Ki
Bejo cenah?! Sampeyan duaan ti mana atuh.” 

Jalma rada
keuheul oge, tapi masih bisa nahan sabar, pokna :”Sebutkeun we ti Wanayasa,
Tatar Sunda kituh.” 

“Oooo Jawi
sing Kilen ? wah geuning tebih nya ?” Leos deui si badega asup. 

Teu lila
gancang kaluar deui; Ki Bejo geus kekerot hayang nampiling etaa badega; kaburu
aya sora haalimpu ti jero:”Ah semah ti nu tebih; so we Ki Dimaan sin a asup ka
inyah !” 

Rada heran
oge Jalma jeung Ki Bejo, lantaran asa teu ngadenge sora Si Mawar Hideung; da
kapaan apaal Jalma ka na sora Mawar Hideung mah; ieu mah soara biaasa we awewe;
naha aing salah kituh ? Cek haate Jalmaa; tapi terus we Jalma asup nuturkeun Ki
Diman. 

Kirim email ke