Di tutugan gunung, sok sering kajadian aya sato piaraan (domba atawa embe) paeh
dikandangna direweg ku sato galak nu teu jelas sato naon. Baheula waktu kuring
keur budak, di lembur di tutugan Tampomas, kungsi geunjleung sabab ampir unggal
peuting aya domba atawa embe paeh, dihakan ku sato leuweung, tapi anehna nu
dihakanna ukur jereoan (jantung, ati..), dagingna malah teu dihakan. Sato nu
nyieun perkara ieu teu jelas, sabab acan aya nu kawenehan manggihan. Aya nu
nyebutkeun sabangsa maung atawa ajag ....atawa malah kana mistik, sato
kajajaden.

Sababraha taun katukang, kajadian nu sarupa kabejakeun Di tutugan gunung Sawal
atawa Gunung Ciremai, jeung nu pangakhirna di Banyumas tepika meakkeun 18 embe.
Ku teknologi, diintip make CCTV, terus ditewak make pitapak. akhirna sato nu
ngagalaksak di Banyumas teh beunang, satona ngan saukur anjing!. Lamun ningali
fotona teu jauh ti anjing kampung biasa.
(http://news.detik.com/read/2012/05/23/095944/1922485/10/inilah-sosok-pemangsa-1\
9-kambing-yang-meresahkan-warga-banyumas)

Paingan atuh ari anjing kampung mah, hese ngawenehanana, nu kahiji mah jalma teu
curiga ka anjing, nu kaduana anjing oge apal kana kabiasaan jalma. Tungtungna
sato nu sabenerna mah dipikawanoh pisan ku jelema, jadi sato "super misterius".

Tapi kunaon nya anjing kampung, bet robah perilaku ngarewegan ingon-ingon? Atawa
meureun sabenerna mah teu robah, salindeuk-lindeukna anjing, tapi tetep sato ieu
mamawa gen luluhurna, sang ajag alias serigala, sato nu dianggap "musuh" bangsa
manusa .....

WLY








------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke