Ki Bejo ngan
bati olohok we, teu pati ngarti jalan pikiran Jalma; rada ngahuleng pok nanya
deui :” ari enggeus nanaonan atuh ayeuna ngabahas tarung jeung Mawar Hideung ?” 


Jalma :”
Hahahaha, maneh mah moal ngarti … ieu teh aya masalah “harga diri”; urang
ngarasa dirugikeun lantaran dua budak awewe diculik; urang kudu usaha nyokot 
deui
eta dua budak. Ari itu si Mawar Hideung, ngarasa geus nulungan eta dua budak;
jadi ngarasa kasigeung lantaran ku urang dipenta kitu wae, cohagna mah boro2
nganuhunkeun, malah nyalahkeun. Eta pikiran si Mawar Hideung.” 


Ki Bejo mani
cek2an sababaraha kali ti na ku kataji ku kapinteran Jalma mikirkeun nepi ka
dinya; ngan anehna sakitu pinterna Jalma ngitung, keukeuh geuning ayeuna
mandek. 


Ku sabab
masih panasaran Ki Bejo pok nyarita deui:” Jalma, maneh geus bisa ngitung terus
ngutak ngatik kamungkinan2; kuduna mah euy maneh teh bisa nuntaskeun ieu
masalah. Tapi naha bet malah jadi ngalieur lieur maneh. Heheheh.” 


Jalma :”
enya, saenyana mah lain lieur deui, tapi memang urang moal bisa ngabereskeun
ieu masalah.” 


Ki Bejo :”
Naha !?” 


Jalma :”
Kahiji urang teu nyaho jero2na hate Mawar Hideung… ; atuh kaduana can puguh Eta
dua budak awewe daekeun gancang2 balik; meureun mun balik tea mah kudu geus aya
hasilna; meureun sigana dikipasan ku Mawar Hideung ieuh Ipah, geus kapalang,
gampang balik mah; keun we engke mun maneh geus mapan; tah pan papanggih jeung
kolot teh leuwih bungah. Sigana kitu tah ngomongna Mawar Hideung ka Nyi Ipah.
Bari teu mikir kumaha ayeuna kolot2na; boa2 kagegeringan. Tah Mawar Hideung teu
mikir nepi ka dinya.”
HANCA
 

Kirim email ke