Punten Kang Abbas, ieu nambihan dialek we ngangge dialek Sunda Banten Kidul. Sageureubegan geus lima jurus dikaluarkeun, silih tukeur teunggeulan; Mahid ngeureunan heula terus mundur tilu lengkah bari nyakakak seuri : "Ha..ha..ha...khoek cuh!! terus melak cangkeng bari ngomong "Pandekar Maung Sancang!! Kami geus ngadenge ngaran andika anu kahot sok disebut-sebut jalma rea. Tapi eta ngaran geuning euweuh hartian!! Ha..ha..ha....ayeuna nyata andika geus nembongkeun kadigjayaan dihareupeun kami. Sakitu kadigjayaan andika!!! Ha..ha..henteu mubajir kami datang ka ieu tempat!!!. Lajeungkeun Kang, geboy!!!
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Jumat, 25 Mei 2012 13:46 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 195 Sagebrakan geus aya lima jurusna silih tukeur tonjokan; Mawar Hideung ngeureunan heula ngadon nyakakak :”Hahahaha ! Pendekar Maung Sancang ! Kaula geus ngadenge ngaran sampeyan sering disebut sebut. Tapi Kaula nganggap eta pasti NGARAN kosong nu euweuh hartina ! Hahahaha, tapi nyata ayeuna sampeyan geus nembongkeun kahebatan sampeyan hareupeun Kula; teu percuma Kaula miceun waktu ka ieu tempat !” Saenyana mah, Jalma karek lima jurus ge geus ngarasa luut leet; baheula kungsi jeung Pendekar Betawi manehna kapaksa ngaluarkeun kabisana; tapi da manehna nu unggul ! Tapi ari ayeuna, wah cape jeung beurat Kacida; memang can eleh; tapi sigana memang Mawar Hideung moal bisa dielehkeun kitu wae. Beda pisan ti lawan2 sejen nu geus disanghareupan ku manehna. Ayeuna dua lawan kaciri sayaga deui; ari nu lalajo nu ngan ukur saurang, nya eta Ki Bejo; ngan ukur bisa gigideug, jeung cak cek … enya we bener mun Kula ngahurup, lain ngabantu Jalma, puguh mah matak nyusahkeun Jalma; hayoh we konsentrasina kaganggu keur melaan manehna; da pasti manehna nu bakal jadi sasaran utama ku Mawar Hideung; jadi bener matak rugi. Hanas ngahurup, tapi bari keok oge. Wah memang si Mawar Hideung mah mumpuni pisan. Kitu pikiran Ki Bejo waktu harita. HANCA
