Jam dalapan isuk-isuk. "Trok! trok! trok!" Aya nu keketrok. Bray dibuka. Si Qais, urang Yaman ngabedaga. "Friday mubarok!" pokna. Solongkrong ngajak sasalaman. Silihcekel pageuh, bari silihteuteup. Belenyéh papada seuri leutik. Ngadon ngajak sarapan di rohang gawé. Bari némbongkeun kantong palastik. "Kabeneran can sasarap!" cekéng téh. Aléwoh, agul, kumisna runya-renyu, bari ngabudalkeun eusi kérésék. Aya térmos leutik jeung dua gelas leutik. Majar mawa kadaharan khas nagarana. Roti Arab diawuran siki Habatus Sauda. Ditelek-telek siga siki wijen. Ngan kelirna hideung. Kuahna saos kacang Dal dicampur kentang jeung daging sapi. Béréwék roti beuleud ipis disoékkeun. Siliréwang ku duaan. Doléwak dicoélkeun kana saos kuled. Belewek dihuapkeun. Dicip-icip, rada lada. Cénah kitu kadaharan sapopéna. Jarang dahar sangu. Srog ngasongkeun cangkir leutik. Cur nyician ci-entéh. Ngebul, haseupna ngelun. Pelengseng seungit. Regot disuruput maseuhan tikoro. Ngageleser ngahaneutan peujit. Seger, ngan asa anyar pinanggih. "Entéh naon euy, lain rasana?" naléngténg. "Enteh Pudina, campuran entéh jeung daun mint!" pokna. ***
