Episode ka 57 : Malikan ka tukang “Hihihihihi! Kadenge sora seuri nu matak serem. Teu lila dihareupeun nu tararung aya hiji Nini Nini. “Ibu” cek Mawar Hideung. Subali kaciri keur kokosehan , lantaran kakeunaan pisan mamarasna; digugulung ku Ki Maruto jeung Ki Gento. Ki Gento eureun tarungna jeung Ki Bejo sabab nempo Subali eleh, ngajurahroh, terus we milu ngagugulung Subali. Barang jol Nini Anti guru sakaligus indung Mawar Hideung, beuki sarepa we Si Macan Telu. Ari Ki Brojo Nitis kaciri teu empes2; naha masih nyawaan atawa geus paeh, can kanyahoan. Ki Bejo ampir hing2 ceurik nempo Jalma oge teu empes empes. Hihihihi ! Nini Anti seuri deui … terus nyampeurkeun ka Ki Bejo. “Nyingkir ka ditu ku aing urang tempo, uluh ieu si tole teh ngora keneh pisan, tapi geus sakieu gagahna.” Gancang we Ki Bejo nyingkir bari aya rasa sieun. Si Nini Anti ngagulang gaper Jalma rada lila oge bari kaciri semu aya rasa nyaah ka Jalma; nepi ka Jalma aya sora kaluar; terus ditinggalkeun; Nini Anti ayeuna nyampeurkeun Ki Brojo Nitis; terus nyabut senjata Jalma nu nancep; bari ngaluarkeun bubuk samodel puyer nu warnana antara koneng jeung bodas. Teu jelas da Ki Bejo rada anggang. Teu lila Ki Brojo inget, tapi kaciri masih leuleus pisan; manehna diuk nyalurkeun pernapasan. Jalma oge ayeuna geus inget, gancang diburu Ku Ki Bejo; Jalma teu ngomong nanaon diuk we ngalempengkeun jalan napas jeung jalan getihna. Tadi karasa aya nu nulungan, barang nempo aya hiji nini2 keur nulungan Ki Brojo Nitis, manehna apal yen meureun Nini eta oge nu nulungan manehna teh. Nya terus we Jalma konsentrasi; wah untung tadi ditulungan ku eta Nini2; mun henteu meureun awak aing pasiksak yeuh. Kitu pikiran Jalma waktu harita. Nini Anti ninggalkeun Ki Brojo Nitis, terus ngageroan, duka ka saha :”Ilung !”HANCA
