“Sok atuh
tong nyarita wungkul ! sok kumaha elmu gerak hampang raga nu alus teh?” 


Sangga
Prakosa saperti biasa geus ngaledek deui :”sok atuh salametan tumpengan heula.” 


Nyi Padmini
sigana ayeuna mah enya2 hayang diajarna; terus harita keneh ngageroan :”Ilung
!” Jol we hiji budak nu umurna kakara  12 taunan:”Dalem…… 


Nggih,
wonten nopo ndoro ?” 


“Ilung, coba
ka Mbok Siti, gancang nyieun tumpeng, jeung ayakeun salametan !” 


“Nggih ndoro
Padmini.” Teu loba omong eta budak nu disebut si Ilung teh terus we ngaleos
deui. 


“Hahahaha,
matur nuwun Den Ayu, dhisik kulo arep turu di kamer !” Ngomongna kitu teh bari
ngaleos asup ka gedongna. 


“Ih enya
pikasebeleun ! “Cek Padmini di na hatena.”Tapi aing kudu sabar; lamun hayang
meunang elmu.” 


Nya
peutingna diayakeun hajat dadakan; tah di dinya ki Renggono atawa Ki Brojo
Nitis keur leutik apal ka Ki Sangga Prakosa atawa Ki Nurustunjung tea; ti
harita manehna sering nempo Eta Ki Sangga sering mapatahan Ndoro Padmini dina
ngalatih elmu silat; nepi ka na hiji waktu kadatangan Seta Prayitna nu ngangkir
ingkang Raka ngadep ka Romo Adipati 


Di na eta
gempungan hadir prameswari nya eta ibuna Nyi Padmini; Prayitna jeung adina Joko
Lelono; nu dua deui mah teu diajak da burey keneh. 


Adipati:”
nduk, hidep apal naon sababna diangkir ka dieu ?” 


Padmini:”Duh
Rama Paduka; naon kasalahan kuring, nepi ka ayeuna kedah ngadep ka Romo ?” 


Adipati:”Hahahaha  ulah sok suudzon kitu pamali. Romo ngangkir
ka sampeyan, lain pedah nduk aya kasalahan. Reg Adipati liren heula … pok
nyambung deui bari bear marahmay, jauh ti na kabendu :”Nduk, ayeuna geus
sabaraha umur teh ? Mun teu salah mah 21 jalan nya ? Yeuh nu sejen mah umur
sakitu teh geus incuan; na ari anak romo, nepi ka ayeuna kitu wae ? kumaha tah
?” 


Sajongjongan
mah Nyi Ajeng Padmini ngahuleng we, da memang ayeuna manehna geus ngaliwatan
umur; padahal kabeh ge awewe2 boh cacah boh menak, umur sakitu mah geus baroga
anak. 
HANCA
 

Kirim email ke