Bi Oeti (Ai) Cipt. Doel Sumbang Arek mungkir euweuh alesan keur mungkir Asep endag ku Bi Oeti Hese bohong rumasa teu bisa bohong Asep oleng ku Bi Oeti
Ayeuna sisiga nu kabedil ku jangjawokan Kapanah ku kinasihan Lieur ku Bi Oeti Kabedil ku jangjawokan Kapanah ku kinasihan Gelo ku Bi Oeti Samar rasa samar polah Teu bisa dipapaleurkeun Teu bisa dibebenjokeun Nu aya dina lamunan beurang peuting Ukur Bi Oeti Rumasa teu bisa mungkir Asep oyag-oyagan ku Bi Oeti Rumasa teu bisa bohong Asep eundeug-eundeugan ku Bi Oeti Tue bisa mungkir jeung bohong Nu aya dina hate Asep ngan ukur Bi Oeti Oh Bi Oeti................ (Punten Bi Oeti heureuy ieu mah ulah dicandak manah)
