MANUK DADALI
Cipt.: ..................

 
mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
memberkeun jangjangna bangun taya karingrang
kukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
ngapak mega bari hiber tarik nyuruwuk

saha anu bisa nyusul kana tandangna
gandang jeung pertentang taya bandingnana
dipika gimir dipika sieun kusasama
taya karempan kasieun leber wawanena

Reff
manuk dadali manuk panggagahna
perlambang sakti indonesia jaya

manuk dadali pangkakoncarana
resep ngahiji ruku sakabehna

hirup sa uyunana tara pahiri-hiri
silih pikanyaah teu inggis bela pati
manuk dadali ngandung siloka sinatria
keur sakumna bangsa di nagara indonesiaRead more...  
 
(Ieu lagu keur kuring SD Tahun 1975 sok dipake lagu perlombaan paduan 
suara.........Manuk Dadali mun dilembur kuringmah disebut Manuk Alap-alap. 
Manukna sagede manuk Purukutut (Tihtiran) rupana jiga heulang, kadaharanan 
manuk deui. Manuk anu jadi mangsana nyaeta manuk walet. Hiberna tarik nyuruwuk 
saperti F16, mun ngudag mangsa pasti eta mangsa moal lepas, sakilat crep 
dicangkrem ku sukuna anu kukuna seukeut).

Kirim email ke