Tah rada ngaguluyur caritana. Teruskeun!

2012/6/29 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> Keur umuran kelas 1 SMA dina pere sakola, si Udin aya dilembur, papanggih
> deui jeung batur-baturna waktu keur SMP. Si Udin jeung si Edi keur aya di
> tepas imah nyihaneut kopi jeung gogodoh cau nagka anu masih keneh panas
> jieunan ninina si Udin. "Di nyiar naon dia ulin ka laut?" ceuk si Udin ka
> si Edi anu harita gaya dandanana make Jeans merek Lea, baju kotak-kotak
> jiga koboy rek ka sawah, saptu merek Warior hideung, buuk kilimis make
> minyak kaleutik mun kaambe jiga bau nini mawa motor bebek suzuki warna
> beureum mani depek. Ditembal ku si Edi "Atuh aing mah lalaki romantis,
> awewe loba anu ngudag-ngudag". Si Udin nyengir bari nanya "Jadi dia
> bobogohan nya, jeung bikang mana?". Ceuk si Edi "Akh teu kudu nyaho dia,
> bisi kabitaeun". Si Udin tambah panasaran nanya deui "Kabita? ari kitu
> bikang dia jobong?". Ngadenge omongan jobong, eta si Edi nyengereng "Ari
> ngabacot saheuayna dia, bikang aing mah budak kalem. Tungguan ku dia,
> manehna sakeudeung deui datang ka dieu". Ceuk si Udin "Heueuh, aing hayang
> ngajeueung, siga kumaha bikang dia".
> Teu lila torojol si Lela anakna Drs. Adang Sudrajat guru SMP anu jadi wali
> kelas si Udin., terus manehna uluk salam "Assalamu'alaikum", ditembal ku si
> Edi jeung si Udin "Wa'alaikumusalama....". Tapi Eta si Udin nenjo anu
> datang si Lela matana molotot simeuteun sungut rada calangap bari ngomong
> terus "Busyet!". Terus ceuk si Edi "Naon dia reuwas nenjo bikang aing?"
> Jung nantung si Udin  bari ngaharewos "Ck...ck...bisaan dia, tibareto aing
> hayang ka manehna, tapi embungeun". Ngadenge harewosan si Udin, si Edi
> nangtung bari ngaluarkeun sisir anu diselipkeun dina kantong tukang, terus
> nyisir gumasep bari ngomong "Aing tea dilawan, si Edi bentang palajar,
> ganteng dan murah senyum". Ceuk si Udin "Akh sia bentang palajar, keur SMP
> oge dia mah sok beuki nyonto dina daluwang".
> Geus kitu si Edi pamitan ka si Udin "Din aing moal lila, ndek ulin heula
> ka laut" bari ngajayak si Lela, terus nyamperkeun kana motorna. Ceuk si
> Udin, "heeuh geura mantog dia", terus ngomong deui ka si Lela "Neng
> singhade, si Edi mah sok rugap ragap" ditembal ku si Lela "Insya Allah ka
> ku abdi diteke" terus soloyong  motor lempang.
>
> Si Udin jiga anak hayam lengit indungna, culungak calinguk sorangan, dina
> pikiranna "Akh rek dituturkeun ku aing si Edi" bari gagaro teu atul anu
> buukna gondrong teu kaurus terus maneh koloyor ka jero imah, teu lila geus
> make jaket, jeans belel, bari leungeun nyekelan bandring (katapel)
> dikalungkeun terus koteap kana sapatu merek adidas, geus kitu manehna
> ngaluarkeun motor trail enduro. Ninina nenjo incuna ngaluarkeun motor nanya
> "Din rek kamana, ieu ema meser karedok karesep maneh curo" ditembal ku si
> Udin "Kin deui be ma, bade ameng heula ka rerencangan, eta be curono ku
> abdi" terus gep kana curo opat siki bawaan ninina terus nyelah motor
> durutdut motor lempang sorana mani tarik.
>
> Caritana si Udin rek nyusul si Edi anu ulin ka laut, sampe di laut manehna
> neangan. Dikajauhan katenjo si Edi jeung si Lela aya dihandapeun tangkal
> katapang keur indehoy. Si Lela sasarean dilahunan si Edi bari leungeunna
> ngelus-ngelus sirah Lela. Geus yakin eta si Edi jeung si Lela, terus si
> Udin nendeun motor di saung payang, terus lempang nyamperkeun ka si Edi
> jeung Lela anu maksudna rek ngareureuwas. Manehna malipir dungka dongko
> dina ruyuk tangkal pandan anju aya di sisi laut. Buuk ngariwig siga
> bebegig, culak cileuk, terus kusiwel ngaluarkeun kueh curo anu meunang
> mungkus dina jaketna, terus ngaluarkeun bandring anu dikalungkeun dina
> beuheung. Geus kitu eta curo anu sagede batu koral diselipkeun kana
> bandring.
>
> Sakapeung manehna keur anteng rek ngareureuwas, eta si Edi jeung si Lela
> keur asyik hibeur kabawa angin asmara cinta monyet, ceuk si Edi "Neng, kaka
> mah mun geus lulus SMA hayang neruskeun sakola deui kuliah hayang jadi
> insyinyur " ditembal ku si Lela "Alus atuh kaka, abdi mah ngadoakeun be,
> sugan cita-cita kaka kalaksanakeun" edi ngamimitian ngarayu si Lela. "Neng,
> kaka bogoh ka eneng, sumpah  kaka teu bisa sare mun peuting, kabayang bae,
> ayeuna urang duaan, bisa teu kaka sun pipi eneng?" ceuk si Edi, ditembal ku
> si Lela "Akh si kaka mah, siga ucing meunang paisan mumpang mempeng, naon
> teu isin ka Allah?". Si Edi terus ngarayu anu leungenna ngusapan tarang si
> Lela "Atuh kedap be neng, da moal bohak" ceuk si Edi rada maksa bari
> bengeutna dideukeutkeun kana pipi si Lela. Eta si Udin di ruyuk pandan
> nenjo si Edi rek nyium si Lela dadana mani renghap ranjuk teuing ku panas
> teuing ku kabitaeun, ceuk jero pikirna "awas dia ku aing dibandring pake
> curo" terus manehna nyelipkeun curo sagede kepelan kana bandring terus
> dibandringkeun ka palebah si Edi "Siiiiiuuuuuuuuuuuuut bluk" eta curo kena
> kana sirah si Edi. Atuh keur asyik rek nyium si Lela, sirah karasa anu
> maledog manehna reuwas, bari culak cilek terus ngagorowok "Saha dia!!
> Samabarangan bae dia buladag baledog. Hey, mun dia manusa kaluar dia tong
> nyamuni di ruyuk!!!!' ceuk si Edi rada ambek. Si Udin anu di jero ruyuk
> pandan nahan seuri, ceuk pikirna "Haram dia cuam cium bikang, rasakaeun tah
> ku dia curo!!!". Terus si Edi nyamperkeun kana ruyuk pandan bari mawa
> regang terus digebris-gebriskeun kana daun pandan bari ngomong "Kaluar dia
> setan, aing teu sieun". Terus si lela ilu ngomong "Keun bae kaka, eta
> jelema iseng meureun". Ceuk si Edi "Iseng sih iseng tapi ulah maledog kitu,
> untung curo, coba mun batu, bisa benjol sirah kaka"
>
> (Ngaran anu aya dina tulisan ieu kabeh samaran)
>
> Hancengan eh...hanca...
>
>  
>

Kirim email ke