Sakapeung Padmini sok inget oge ka Sangga Prakosa, hayang hirup babarengan kawas nu sejen; sok aya rada keuheul ka eta Sangga Prakosa Ki Nurustunjung teh; tapi kasusah ieu ngan ukur sakolebat, da kabangbalerkeun ngurus budak nya eta Lasmini Dewi. Padmini ngarasa bagja pisan di na hirupna lantaran boga budak awewe hiji nu bener2 dipikanyaah pisan ku ieu Padmini. Jadi ngagedekeun Lasmini keur Padmini mah enyaan jadi hiji hiburan, lain kahesean. Komo ayeuna keur ngagembleng Lasmini; Padmini kacida sumangetna. Padmini teh na hiji waktu kungsi panggih jeung Cina loleng; ku sabab kanyahoan jago silat; nya ku Padmini didatangan, terus menta diajarkeun elmuna. Nyata eta si Cina boga kabisa maher di na ngabaledogkeun atawa ngabelesatkeun senjata rasiah; tah nya Padmini diajar elmu eta ti si cina tea; geus kitu dipapatahan oge ku Sangga Prakosa; ahirna ku Padmini eta dua elmu teh dicampurkeun; nepi ka ngajadikeun elmu anyar deui di na soal maledogkeun senjata rasiah. Nu matak Lasmini jago pisan di widang ieu mah; kapan Jalma ge ngarasa eleh di na ngabelesatkeun senjata rasiah mah. Di na waktu Lasmini kakara umur 5 taun Padmini nyieun logak, kira2 jerona 30 CM; tah Lasmini dilatih sina luncat ti eta logak ka luhur bari tuur teu meunang bengkok; kudu lempeng we. Mimitina mah hararese, nepi ka hing2 ceurik ieu Lasmini Dewi teh. Tapi disabaran we ku Padmini; lila2 mah sanggeus terus2an latihan, bisa oge. Sanggeus sabulan logakna dijeroan deui; nepi ka sanggeus sataun geus jadi lombang nu jerona kira2 sameteran. Padmini bungah , nempo Lasmini Dewi terus giat ngalatih eta latihan luluncatan.HANCA
