Ari bengker
suku Lasmini Dewi ayeuna mah make dibeungbeuratan ku timah hideung nu beurat;
atuh ari leumpang teh estu hese beleke; kungsi oge ieu Lasmini nanya naha
kuring disiksa kieu ibu ? 

Padmini bari deudeuh ngusapan sirah Lasmini; eh nduk
percaya hidep ka ibu; ibu moal nyilakakeun ka hidep; ibu nyaah pisan ka hidep;
tapi ibu hayang nempo hidep jadi jelema nu perkasa salian ti sehat. 

Lasmini
ngarti, terus we mamake eta beungbeurat ka mana mana. 


Naon sababna
Padmini jeung Lasmini bisa basa Sunda ? 


Ari Adipati
Jepara teh, Kacida ngahargaanana ka na masalah pendidikan; nya ngadatangkeun
ahli2 keur ngawulang barudakna; nya atuh aya ahli basa Walanda, Sunda jste. Nu
matak Padmini lancar basa Sundana, mangkaning Sunda palajaran, lain Sunda
pilemburan; atuh basa Sunda Padmini teh basa Sunda Priangan pisan. 

Ari ka na
basa Walanda mah, Padmini teu pati hayang, asal ngarti sautak saeutik we cenah.
Keun eta mah jang adi Arya cenah. Tah basa Sunda ge diajarkeun ka Lasmini Dewi.
Nu matak Lasmini lancar oge basa Sundana. 


Waktu
Lasmini umurna geus 10 taun kungsi oge dibawa ka Kadipaten Jepara, lantaran
Adipati Ranuwijaya teu damang wales. 


Waktu di
Kadipaten, Lasmini ngagegerkeun Kaputren, lantaran ngamuk ka dulur2na anak2
adi2na Padmini.HANCA
 

Kirim email ke