wah lasmini teh geus gagah ti bubudak geuning nya...hebat lah. pasti silatna geus ngadarah-daging. eta we da diajar silatna ge ti umur 5 taun. lajeng bah...
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Rabu, 4 Juli 2012 5:23 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 220 Biasa barudak laleutik, ari heureuy sok kaliwatan; maranehna barang nempo Lasmini, terus ngahareureuyan; tadina mah Lasmini ngelehan maneh we; tapi eta barudak kaleuleuwihi ngomong pajar Lasmini teu boga bapa; datangna ka dinya teu jeung bapa. Lasmini di na waktu eta mah teu bisa sabar deui; langsung wae eta budak nu nyaritana kaleuleuwihi kitu dicabok; atuh hing2 ceurik; dulur2na sarua misanan rek ngahurup; lain sieun malah Lasmini beuki ambek; nya ger garelut ! Tapi eta nu lobaan euweuh nu kuat malah Lasmini ngamuk mani rosa; atuh barudak nu ngaheureuyan teh ting jurahroh; malah aya nu nepi ka kapaehan! Atuh para pangawal karaget terus we diparisah; saterusna laporan. Padmini nu keur ngariung jeung adi2na nungkulan ingkang rama; kacida kagetna. Terus we kaluar Lasmini digusur bari ditanya sabab2na garelut. Lain sieun eta Lasmini malah nanya ka Padmini :”Ibu, ari Lasmini enya teu boga bapa ?” “Naon ?!” cek Padmini; saha nu nyarita ngaco kitu. “Eta Adi Probo !” Probo teh anak Seta Prayitna. Barang ngadenge omongan Lasmini kitu; langsung Padmini ngadatangan Seta Prayitna :”Yayi Arya ! Cik atuh ngajar budak teh kumaha atuh, nyarita pajarkeun Lasmini teu boga bapa !?” Seta Prayitna ngajawab bari kalem, da apal ka na adat nu jadi raka:”Ku naon kituh raka embok ?”Langsung we Padmini nyaritakeun garelutna barudak; Prayitna nepi ka gigideug; saterusna ngahukum eta barudak; dipapatahan teu meunang nyarita kitu; saterusna Ki Probo dicepretan sabage hukuman ti na ngomongna wani lancang saperti kitu. Geus kitu mah Padmini terus we balik bari hate rada sedih; lantaran ramana wales tos teu emut naon2 deui. Tapi rek terus di Kadipaten, teu wasa lantaran ngamukna Lasmini pasti akibatna kurang hade lila2 di Kadipaten. HANCA
