Fikmin #Sempalan Nasib#

Sorodot! Gubrag! Jeduk! Cungcurungan titeundeut. Sirah ngajeduk neunggar
ubin. Kerejet! Kerejet! Koséh! Ambekan Ki Dira ngahégak. Ngaheunjeu nepi ka
hosna. "Kang Diraaa...! Na kunaon ngaringkuk di toilét...?" géréwék `Ma
Karsih nu rék ka cai pasusubuh. Rawah-riwih. Hiung ngadingdiut.
Nyeungceurikan nu kaserang struk. Ibur. Tatangga jul-jol ngadareugdeug.
"Béjaan anak-anak `Ma Jumsih  di landeuh!" ceuk hiji kolot. "Béjaan
anak-anak `Ma Unah di tonggoh!" Tatangga cuh-cih milu mulasara. Méméh lohor
torojol kulawarga `Ma Jumsih. Disusul ku anak-anak `Ma Unah. Réang silih
tanya. "Kunaon? Iraha? Dimana? Naha?" Haliwu silih rentog. "Layon Abah rék
dibawa ku kami!" ceuk anak `Ma Jumsih. "Teu bisa! Kudu kabawa ka lembur
kami!" ceuk anak 'Ma Unah. "Moal dibikeun. Maot di dieu, kurebkeun di
dieu!" ceuk `Ma Karsih nulak cangkéng. Ger parebut layon. Dibenyéng `Ma
Karsih. Dibedol `Ma Unah. Diséréd ku `Ma Jumsih. Gulutuk layon kana kolong
méja. Gorolong kana lawang panto. Nu silih benyéng moyég. Wanci nyedek ka
sareupna. (Ki Hasan)

Kirim email ke