Heueuh, karunya urang Rohingya, teu diaku tiditu tidieu. Ku urang Myanmar dianggap imigran gelap ti Bangla Desh, ari keur Bangla Desh dianggap geus lain warga nagara deui, da geus pindah ti baheula keneh. Ongkoh deuih Bangla Desh lain nagara nu lubak libuk, tapi asup ka nagara miskin. Urang Roingya jadi rakyat nu kapopohokeun. Aya nu ngungsi make parahu, maksudna ka Australia, tapi teu tepi, nyangsang di Aceh, malah aya nu kadampar di Banten.
Pertikaian agama? lamun pertikaian SARA mah bener, tapi leuwih condong kulantaran beda etnik. Etnik Rohingya sigana dianggap "pendatang" ka tempat etnik rakhine. Nu teu lucu sikep Bangla Desh, nu nolak pangungsi, pangungsi dibalik-balikeun deui, atuh loba anu jadi korban karusuhan. Padahal sacara etnik jeung agama, Rohingya teh sarua jeung urang Bangla Desh. WLY --- In [email protected], Dudi Herlianto <dudi.herlianto@...> wrote: > > aya beja nu leuwih eneg, datang ti tatangga urang, myanmar (baheula birma). > Lain situs nu diancurkeun, tapi manusa. rohingya, urang myanmar > minoritas nu ngagem islam nu sacara genetik leuwih deukeut ka bangsa bengal > (banglades) rek ditumpurkeun ku bangsa nu ngarasa jadi urang pribumi > myanmar, rakhine. kabeneranna teh, agama ieu bangsa nu oge minoritas di > myanmar teh beda jeung urang rohingya. atuh republika, koran nu resep make > juru toong ti sisi agama rada doyong nyebut eta patikeyan di myanmar teh > masalah agama. > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
