> --- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
>  Faham ieu geus nyiliwuri jeung asup ka Indonesia.

Oh sumuhun Kang Udin, faham Wahabi geus lebet ka Indonesia, malah ti kapungkur 
keneh,  ti awalna faham ieu lahir. Dina Sajarah Indonesia, khususna sajarah 
Minangkabau, aya Perang Paderi (1803-1838) nu salah sahiji tokohna jadi 
Pahlawan Nasional Tuanku Imam Bonjol. Perang Paderi teu leupas tilu urang 
Minang nu mulang ti Mekkah di akhir taun 1700'an. Cenah mah tilu urang Minang 
ieu teh jadi pengikut Imam Wahab, malah aya nu nyebutkeun jadi tantarana Ibn 
Saud (Pendiri Dinasti Saud nu ayeuna ngawasa Arab Saudi jeung oge minantuna 
Imam Wahab). Tilu Haji urang Minang ieu mulang ka lemburna, waktu Makkah geus 
ditaklukeun ku Ibn Saud ti kakawasaan Turki Othoman.

Samulangna kalemburna  di Minang, tilu haji ieu dakwah, tepika narik kaum 
ulama, nu sigana mah kuciwa ku kalakuan kaum adat nu dianggapna geus loba 
ngalanggar aturan agama. Akibatna mucunghul konflik peperangan antara kaum 
ulama jeung kaum adat (karajaan Pagaruyung). Perang ieu disebut Perang Paderi 
(paderi = pendeta/ulama). Para pamimpin perang Paderi sok disebut Harimau nan 
Salapan. Salah saurangna kasohor ku katelengesana, Tuanku Nan Renceh. 

DIna awal perang, kaum adat nu kadesek, kulawarga karajaan Pagaruyung ampir 
beak, dibantai. Nu salamet akhirna menta bantuan Walanda, nu harita markasna di 
Padang. Walanda daek mantuan, tapi menta kompensasi, akses ka pedalaman tanah 
minang. Peperangan ieu akhirna jadi mamawa Walanda. Sanggeus mamawa walanda, 
kaum Paderi kadesek, akhirna para pamimpinna, Harimau nan Salapan, nunjuk 
saurang panglima, nu katelahna Imam Bonjol. Sanggeus dipimpin Imam Bonjol, 
mimitina mah manggih kameunangan, ngan saterusna mah terus kadesek.

Cenah mah Tuanku Imam Bonjol mimiti intropeksi, naha naon atuh sabenerna 
kajadian di Mekkah teh, nu pangaruhna ka Tanah Minang dibawa ku "Tilu urang 
Haji" tea. Anjeunna ngirim jalmi sababaraha urang ka Mekkah. Sanggeus 
perjalanan sataun, utusan Imam Bonjol teh tepi ka Mekkah. Tapi Mekkah geus 
robah, teu dikawasa deui ku Ibn Saud (Wahabi) , kakawasaan geus balik deui ka 
Turki Othoman. Dina Sajarah Arab Saudi, Ibn Saud teh ditawan tantara Turki, 
dibawa jeung dihukum gantung di Istambul.

Kuring poho deui caritana, naha utusan Imam Bonjol teh kungsi papendak deui 
jeung Imam Bonjol atawa henteu. Nu jelas Imam Bonjol ditewak Walanda 
diasingkeun mimiti ka Cianjur, terus ka Minahasa Sulawesi Utara.

Diangkatna Tuanku Imam Bonjol jadi pahlawan Nasional, mucunghulkeun kontroversi 
jeung urang Batak Mandailing. Sabab urang Batak ngarasa kumaha telengesna bala 
tantara kaum paderi teh. Kontroversi ieu ti taun 1964 keneh tepika ayeuna.


WLY

   




 


     



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke