Episode ka
61 : Mawar Hideung in Action Jilid 2 


Mawar
Hideung ayeuna mah inditna ti Losari kalawan kalengkepan nu leuwih di
bandingkeun jeung waktu ngalalana mimiti. Manehna nyieun bandera2 laleutik nu
digambaran ku Kembang Ros hideung. 

Kembang Ros hideung ngalambangkeun hiji
kembang nu mucunghul ngan ukur hiji2na di na satangkal teh; tara aya duana. Nu
matak manehna ngalambangkeun dirina ka na eta Ros Hideung ; ku sabab manehna
hayang jadi Pendekar nu pang nyongcolangna, mun bisa ngaleuwihan bapana;
sahenteuna sajajar. 


Ieu
patekadan Pendekar Mawar Hideung; nu memang digedekeun ku Padmini supaya Jadi
Pendekar pinilih. 


Ayeuna Mawar
Hideung boga tekad, ngangkat harkat darajat wanita nu sok sering dilecehkeun ku
lalaki; manehna boga tekad hayang nembongkeun yen awewe bisa leuwih hebat ti
batan lalaki.    


Tapi ayeuna
mah beda jeung waktu mimiti ngalalana neangan pangalaman; ayeuna mah dimana
mana Mawar Hideung datang, bari make pakean sarwa Hideung digambaran Ros
Hideung; euweuh hiji ge lalaki nu wani ngadeukeutan; Pendekar2 ayeuna mah
mandang ka Mawar Hideung, hiji sosok Pendekar nu kudu dijauhan; mun bisa jadi
mitra, tapi kudu dijaga ulah ngamusuh ka manehna. 


Salila
diperjalanan teu aya nu wani; malah kakara ngadenge ge yen Mawar Hideung bakal
ngaliwat ka hiji tempat; maka tempat eta teh dijarauhan pisan ku Para pendekar;
komo atuh bangsa oah2 mah; geus nyalingkir samemeh Mawar Hideung datang. 

Manehna
ngarasa sugema oge ku kaayaan kitu teh.
HANCA
 

Kirim email ke