alah.... bah Aa mah neruskeun cersil teh pondok pisan... sing panjanga atuh 
bah. bacaeun tamba kesel keur puasa. sok ah lanjutanna ditungguan sing ngagebay 
panjang.


________________________________
 Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Rabu, 1 Agustus 2012 17:02
Judul: [kisunda] Cersil Sunda 241
 

  


Nu manehna
rada harendeg jeung kurang sugema, nya eta lamun manehna nyimpang ka warung rek
dahar; salian ti para lalaki nu keur dalahar mani gancang barirat, terus tukang
warungna teu daek nampa bayaran ti Mawar Hideung; pajarkeun keur Pendekar Mawar
Hideung mah, ku daek datangna oge geus hiji hal nu ngabungahkeun pikeun tukang
warung.

Kungsi Mawar
Hideung patorong torong jeung tukang warung, alatan Mawar Hideung keukeuh
hayang mayar, ari tukang warung keukeuh embung nampa.

Nya ahirna
mah Mawar Hideung eleh deet; indit bari gratis. 


Wah aya untungna, tapi oge
barabe aing make pakean kieu mah. Cek Mawar Hideung na hatena.

Ah ayeuna
mah aing kudu nembongkeun diri awewe biasa; ke mun aya atawa manggih masalah ,
kakara bagean Mawar Hideung kudu turun. 


Tapi mun awewe biasa , tangtuna ge teu
meunang nembongkeun kawani komo kajagoan mah.

Sanggeus
gilig hatena; Mawar Hideung gesat gesut ucul2 terus make pakean awewe biasa;
terus asup ka hiji pakampungan; manehna ngadatangan hiji imah reyod, di eta
pakampungan teh; nu nyicinganana hiji nini2 nu rupana goreng patut; malah
deukeut2 ka pikasieuneun buukna bodas ngaplak; ngaranana “Nini Anti”.   


HANCA
  
 

Kirim email ke