Barang
mimiti panggih Nini Anti bari seuri :”hehehehe … saha nyai teh ? nu ti mendi ?
rek ka mana ?” 


Lasmini
gancang we nyarita :”Aeh ibu kapan ieu teh Mimi; Lasmi tea. Ka anak nepi ka
poho ?” 


“Hehehehe,
baruk uing boga anak … Mimi … Mimi … oh enya asana, hehehehe .. 


Sok atuh
asup ka jero; mun lapar, tuh aya kejo2 wae mah; mun hanaang; tuh cai na kendi
loba.” Cek eta Nyi Anti teh. 


Mawar
Hideung, saenyana rada asa2 ka ieu Nini Anti teh; asa geus lila apal ka ieu
waruga teh, tapi dimana ? leng Lasmini mikir, tapi weleh teu kapikir, ah ieu
nini2 pikun teh bisa dibobodo ku aing, hihihi, cek pikir Lasmini; manehna ngaku
we aing anakna. 

Keun we ah, da lain rek nyilakakeun, kitu pikiran Lasmini. 

Nya Lasmini
nganjrek we di eta Nini Anti, aya ka na 3 poena; tapi salila di dinya; Nini
Anti sering ngiles, teu nyaho ka mana ? Lasmini ge teu loba tatanya, hare2 we.
Balikna teh sok geus sore; ari reup peuting, terus nitah Lasmini gancang sare. 

Atuh
Lasmini, teu bisa leuwih ngadeukeutan ieu nini2. 


Urang
kampung eta apal yen Lasmini anak eta Nini Anti; ngan nu matak hareraneun urang
lembur; lantaran Nini Anti ge cicingna di kampung eta teh, meureun kakara 3
bulanan mah; bari teu nyaho ti mana jolna. Ngan bae ku sabab ka nini2 euweuh nu
loba tatanya; ngan ayeuna ujug2 kadatangan anakna.  


Waktu kaluar
ti eta kampung, Lasmini akon2 rek neang barayana di Cirebon; manehna menta aya
nu pang nyewakeun sado atawa delman; wah jauh cenah aya ge di ditu lembur Watu
Gung, tah di dinya mah aya nu nyewakeun sado. 

Manehna menta ditandu we, bari
bayaran gede; atuh urang lembur teh atoheun pisan; nya Lasmini Dewi ditandu ku
opatan nuju Watu Gung. 

Jauh oge
Watu Gung teh, kakara nepi panonpoe meh surup. 

Kirim email ke