ari uing mah segut dahar teh mun pas buka puasa kang...ari pas saur mah bororaah segut, mun teu inget sieun lapar tibeurang mah teu hayang dahar jam 4an teh...:)
________________________________ Dari: Sp Saprudin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]> Dikirim: Senin, 6 Agustus 2012 11:01 Judul: [kisunda] Pangaruh puasa "Pa Saur, Pa hudang geura saur" ceu Icih ngahudangkeun salakina Mang Komar. Korejat Mang Komar hudang, gusak gisik terus heuay calangap meni gede pisan "Aaaaaaakhhh!!!" Koteap nyokot kaos oblong anu ngagantel dina kastop, terus ngiclik muru kamar mandi rek sibeungeut. Geus kitu muru meja makan anu geus nembrak sagala kadaharan pikeun saur. Srog leungeun Mang Komar kana kobokan kucrat kecret kokobok laju kop kana boboko wadah kejo, seduk nyeduk kejo dua centong gede kana piringna, geus kitu kop kana goreng hayam, sambel, lalaban jeung angeun kacang herang. "Bismillahirrahmanirrahim" keucapna meni paseh pisan laju bleum kejo sagede peureup dihuapkeun kana sungut disusul ku goreng hayam, terus angeun kacang herang anu diwadahan ringkok bari ditaburkeun kana piringna anu muncung pinuh. Sungut cuprak caprek ngadahar sagala anu nembrak di meja, teu lila "Eeuuuu" sada teurab. Ngadenge sada teurab, ceu Icih ngelingan salakina "Pa atuh anca-anca daharna, siga nu diudag-udag jurig bae, pamali!". Ditembal ku Mang Komar "Aduh Icih, tara tisasari ayeuna dahar karasa mirasa, pangaruh puasa meureun nya?" terus ditembalana ku ceu Icih "Alah puasa karak sapoe oge, eta mah lain pangaruh puasa, eta mah geus dasarna gembul!".
