Enggalan lanjuuut Bah
Sent from BobokoBerry®

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 8 Aug 2012 18:01:31 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Cersil Sunda 245






Ki Rangga
nyarita kitu, lantaran kapan urang kampung mah rata2 teu baroga; kumaha rek
nyekel duit 10 Gulden. Tapi Lasmini teu riuk2, terus we ngaluarkeun duit 10
Gulden. 


Rada reuwas
Rangga nempo Lasmini ngontanan ka manehna; teu nyangka urang kampung, boga duit
sakitu gedena ;nya ahirna ditarima we; da teu guna loba tatanya. Ngan cenah
poma Lasmini kudu nurut naon wae nu diomongkeun ku Ki Rangga; lantaran ieu
perjalanan teh rada bahaya, loba begal di jalanan; jadi ulah sering nempo
kaluar cenah; bisi ngundang pasualan. 


Lasmini
jangji. Terus we Ki Rangga ngaluarkeun karetana; wah ! enya ge teu sarua jeung
kareta Kumpeni atawa susuhunan, tapi ieu kareta lumayan alus. 

Ku sabab
panasaran, Lasmini nanya meunang ti mana Ki Rangga boga kareta kitu ? 


Ki Rangga
seuri, pok nyarita yen memang ku ngabogaan hiji kareta, di na jaman harita mah
tangtu jadi bahan pananya ti balarea; tapi nu jelas ieu kareta lain meunang
maling atawa ngagasab; tapi meunang meuli ti Hiji Tumenggung nu eleh perangna;
lantaran kabita ti baheula hayang boga kareta kawas kitu; jadi waktu bapana
maot ninggalkeun warisan; malah dipake meuli kareta. Kitu cenah dongengna eta
kareta teh. 


Nya ahirna
Lasmini naek we ka na kareta, biur we kudana maju nuju ka kampung Batu Ireng;
nu bakal diteruskeun nuju ka Cirebon. 


Barang aya
ka na 5 kilona perjalanan; Ki Rangga turun asup ka hiji warung , lantaran geus
nepi ka lembur nu biasa dipake istirahat; jeung ngistirahatkeun kudana. Lasmini
oge milu turun; terus we asup ka eta warung. 


Sanggeus aya
sawatara lilana; kareta laju deui; teu kanyahoan di hareup aya sapuluh jelema
naraek kuda; megatan. 


“hehehehe,”
Ki Rangga seuri. Balad ti “Sanca Manuk” aya naon megatan kuring?” 


“Hahahaha !
Rangga, tong sumput salindung, saha nu aya di na kareta !?”
HANCA
 


Kirim email ke