“Urang
lembur nu nyewa kareta Kula ka Cirebon, kunaon kituh ?” 


“Hahahaha,
Sanca Manuk biasana tara megatan sampeyan, Rangga , hare2 we; tapi waktu ieu
beda suasana na. Jung andika liwat rek ka mana oge; tapi turunkeun heula eta
panumpang andika; jeung bikeun ka kami.” 


“Naon
alesanana sampeyan ti Sanca Manuk menta nu nyewa kareta Kula ?” 


“Ah Rangga
sampeyan teu boga hak nanya; ayeuna mah geuwat turunkeun eta panumpang wanoja,
pasrahkeun ka Kaula ; aya nu geus mesen eta wanoja keur pipamaajikanana.” 


“Hahahaha,
ana kitu Sanca Manuk teu ngahargaan kanetralan Kaula ? Sanca Manuk hayang
nyieun masalah ? kaula Rangga moal mundur !” 


“Eh Rangga !
Nanaonan sampeyan jadi keras kieu Hah !? Pan biasana mah urang mah hare2 we;
naha ayeuna sampeyan jadi bedang kieu !? Kaula sarerea oge kapan can ngajaran
megatan sampeyan, biasana ge aman2 we. Lantaran ayeuna   

mah,
kuring  meunang bayaran anu istimewa; nya
kapaksa kudu diusahakeun eta wanoja kagiring ku Kaula.” 


“Eh ,
Sampeyan teu apal ka na kabiasaan Kaula ? kaula Rangga, boga pancen jeung
tanggung jawab, mawa ieu panumpang ka Cirebon; samemeh nepi ka Cirebon; ieu
tanggung jawab Kaula; nepi ka cek paribasana ngalungsar kaya banusan; bakal
dilakonan ku ki Rangga. Ke geus tepi ka nu dijugjug; eta mah  kuma andika 
sakabeh. Tah ku sabab kitu, poma
andika sadaya ulah ngahalang perjalanan Kaula; mun henteu kapaksa urang kudu
silih gelutan.” 


Nyarita na
kitu teh enyaan ki Rangga, mantep pisan; tanda yen manehna tanggung jawab.HANCA
 

Kirim email ke