Nya ayeuna mah Si Setan Alas Kobar teu loba omong deui, terus we maju ngadeukeutan Mawar Hideung, bari masang jurus nu dilambaran ku tanaga jero; enyaan ayeuna mah manehna sama sakali teu wani nganggap enteng ieu lawanna nu masih ngora keneh pisan; paling harita Mawar Hideung kakara 25an taun umurna; sedengkeun Setan Alas Kobar aya ka na 40 taunan umurna. Setan Alas Kobar maju lalaunan, masag kuda2 jeung jurus nu Kacida mantepna; dijauhan atawa diserang tetep hese; lantaran kaciri jurusna saperti ngepung rek ka mana wae Mawar Hideung nuju. Mawar Hideung barang nempo eta jurus nu dikaluarkeun ku Si Setan Alas Kobar, langsung manehna masang kuda2 nu hese ditembusna; Setan alas kobar teu wani ngadeukeutaan deui ayeuna mah, lantaran can puguh manehna bisa ngasupan. Manehna nempo yen jurus Walet Hideung si Mawar Hideung enya_an kacida rekepna, mun manehna nyerang ti heula; can puguh hasil; sedengkeun engke balesan ti Mawar Hideung hese dicingcetkeun; lamun ngadesek teuing, can puguh oge jurus susulan ti Mawar Hideung kabaca ku manehna; ku sabab sakitu Setan Alas Kobar gancang ngaganti jurusna; ayeuna mah siga nu mere jalan ka Mawar Hideung.HANCA
