Mawar Hideung apal, yen masing enya ge tanaga nu dikaluarkeun ku Si Setan alas kobar ngan ukur tilu bagean, tapi mun keuna pasti manehna, Mawar Hideung bakal ngajungkel. Ayeuna Mawar Hideung geus boga rencana rek nguji kakesitan si Setan alas Kobar nepi kamana? Ku sabab kitu , di na nyingcetkeun eta jurus serangan Mawar Hideung teu jauh2 teuing nyingcetna; manehna langsung salto hareupeun si Setan alas Kobar bari ngepret pipina. Setan Alas Kobar nyata kesit pisan, jeung panonna awas; sanajan keur nyerang, tapi kuda2na keur ngabela diri geus disiapkeun, bari sakalian males nyerang. Ciaat ! Haaat ! Heup ! Gerakan salto nu kacida kesitna ti Mawar Hideung, bari jeung bales nyerang; ngan ukur sagilek geus dicingcetkeun; terus manehna nonjok iga Mawar Hideung nu kaciri kosong. Tapi ngan sakilat Mawar Hideung ngarobah gerakanana ku najong eta tonjokan. Terus we luncat rada ngajauhan. Ku sagebragan eta, duanana pada maphum, yen musuh nu disanghareupan waktu ieu, memang bener2 ahli kanuragan nu jadug pisan. Duanana silih hargaan na hatena masing2; tapi duanana oge beuki sumanget hayang nalukkeun lawanna. “Hahahahha ! Si Setan Alas Kobar seuri ngagakgak, teu neruskeun seranganana. “Nyata kahebatan Mawar Hideung, lain dongeng, kakara ayeuna kula percaya! Kula teu salah milih lawan ka sampeyan; enya ge ngora keneh. Hahaha, masih loba waktu pikeun Kula senang2 jeung sampeyan, Mawar Hideung !” “Hahahaha ! Ngaran sampeyan ge geus lila kadenge ku Kaula jadi jago silat nomer Hiji di Pulo Jawa, Setan Alas Kobar! Nya Kula oge nyaksian memang pantes sampeyan dijagokeun !” “Hahahaha … enya bener ! Tapi Kaula can jadi ngarasa nomer hiji, mun can bisa ngelehkeun sampeyan, Mawar Hideung !” “Hahahaha ! Alus ! hayu atuh ayeuna urang teruskeun ieu tarung teh.” Cek Mawar Hideung. Ayeuna Mawar Hideung nu melesat nyerang ka Setan Alas Kobar; tapi oge saperti setan Alas Kobar Mawar Hideung ge teu yakin seranganana bisa asup, najan kesit ge; lantaran kakesitan Si setan Alas Kobar teu sahandapeun Mawar Hideung. Bisa disebutkeun satanding papak pisan. HANCA
