hebat bah... eta we nyaritakeun kuda-kuda wungkul dugi ka 3 episode. lain, uing mah kacipta teh tarungna patutunggalan pan, jadi renghapan nafas jeung dag-dig-dugna hate lawan ge bisa kadangu. sabab duanana pada geus ngalatih pangdengena. lajeng bah...:)
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Rabu, 29 Agustus 2012 6:09 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 266 Setan Alas Kobar meunang pangalaman, jeung memang elmuna oge hese dilacakna. Ari Mawar Hideung, ngandelkeun Elmu Silatna nu memang kelas Hiji; ngan eleh pangalaman. Jadina duanana estu satanding; duanana hese mangaruhan lawan. Enyaan duanana ayeuna mah manggih lawan satanding. Dina gerakan mimiti ieu, duanana kakara naksir, sabaraha kakuatan lawan; kakesitan jeung tanaga can kaciri; duanana masih nyumputkeun wewesen sajatina. Tapi di na gerak maju jeung mundur eta, duanana hese nangtukeun kakuatan lawan; sabab jurus2 kuda2 nu dikaluarkeun sarua pinuh ku taktik jeung strategi nu tanggoh; bener2 samodel maen catur. Nu gagabah ngasupan, bisa jadi meunang karugian; jadi tiap lengkah jeung kuda2 dipikirkeun pisan. Duanana ngarasa ayeuna mah beurat nyanghareupan lawan model kitu; Setan Alas Kobar muji na hatena yen ieu lawanna nya eta si Mawar Hideung, najan ngora keneh pisan, tapi wawasan Ilmu Silatna geus bisa mapakan nu geus loba pangalamanana; jadi memang teu bisa dielehkeun ku lengkah jeung jurus wungkul; kudu dicoba kakesitan jeung tanaga jerona. Bari maju lalaunan Setan alas kobar nyieun hiji gerakan, nu diharepkeun si Mawar Hideung, teu apal kamana leosna; lantaran ayeuna manehna geus nekad rek ti heula ngasupan; bari ngaharep mudah2an hasil. Si Setan Alas Kobar teu yakin, yen eta jurus bakal mangaruhan Mawar Hideung; tapi sahenteuna manehna bakal nyaho jero2na kakuatan Mawar Hideung. Mun gagal tea mah, manehna oge geus sayaga keur lolosna. Ti batan ngan ukur silih intip neangan balangah lawan, bari teu jol wae kapanggih balangahna. Iraha deui nyoba mun teu ayeuna. Kitu pikiran si Setan alas Kobar waktu harita, dimana Mawar Hideung ge saenyana mah geus ampir beak kasabaranana; tapi barang manehna rek nyoba ngasupan, kaciri si Setan alas Kobar nyieun hiji gerakan sukuna ditarik saeuti katukang; ieu tanda manehna bakal asup; nya Mawar Hideung gancang sadia. Enya we teu kungsi lila …. Heaaat ! Si Setan Alas Kobar miheulaan nyerang ku hiji tonjokan , nu dituju beungeut Mawar Hideung. Gerakanana Kacida kesitna, tapi kaciri teu ngaleupaskeun tanaga nu gede teuing; eta hartina si setan Alas Kobar masih ati2 di na ngaluarkeun tanagana. Rupana teu yakin hasil; jadi jaga2 mun gagal, masih bisa ngeles. HANCA
