Tapi teu kanyahoan …. Hiaaaattt ! slap ! beungeut Nini anti nu goreng patut kacabut; robah di dinya aya ibu2 nu oge kewes jeung wibawaan …. Nyi Padmini. Atuh sarerea pada kaget; Nyi Padmini oge kaget, ti na teu nyangka kedokna bakal kabuka waktu harita; ari Mawar Hideung mah teu heran da saencanna ge geus cop nyangka yen Nyi Anti nu jadi indung angkatna saenyana Indung sajatina nya eta Nyi Padmini. Atuh harita ti na baringung jeung sarusah robah jadi kagumbiraan; lantaran Mawar Hideung patepung deui jeung ibuna. Harita keneh paguron Walet Hideung ngayakeun pesta nu rame pisan. Nya Nyi Padmini milu meuting di eta Padepokan, aya ka na tilu poena. Tapi na hiji poe, Mawar Hideung terus indit paduduaan ka leuweung; euweuh hiji murid nu meunang nuturkeun. Di dinya Mawar Hideung nyarita :” Ibu, kunaon Ibu siga nu teu percara Ka kuring ? nepi ka ka mana wae kuring indit di tutur2 terus !?” “Hehehehe, lantaran nyaah tea geulis; masing enya ge geus yakin anak ibu teh gagah, hebat, keukeuh we nu jadi indung mah melang.” Cek Nyi Padmini leuleuy. Lasmini Dewi teu nambalang, ngan ngahuleng we; tapi keukeuh di na sanubarina mah ngabantah ka na ieu pikiran ibuna teh; tapi nya ahirna sadrah, yen memang Nyi Padmini ku sabab nyaah2na ka dirina; nepi keun sok sering ngalanglangan ti kajauhan, bari Lasmini Dewi na mah teu sadar.Waktu ditanyakeun soal tarung jeung si Setan Alas Kobar; Nyi Padmini keukeuh nyarita yen teu ngabantu Mawar Hideung; ngan ukur ngabantu tanaga jero supaya gancang nyageurkeun mah enya, cenah. Tapi Mawar Hideung enya ge cangcaya teu papanjangan nanya deui. Sanggeus kitu, nya Lasmini Dewi ayeuna sanduk2 mementa ka ibuna Nyi Padmini, ulah sok nutur2 wae; lantaran eta teh ngahalang pisan ka na kamajuan hiji anak. Nyi Padmini saukur mesem, teu komentar naon2. Nya ahirna mah Nyi Epon dibawa ku Nini anti nuju ka leuweung Alas Purwo; di mana si Nini anti boga ingon2 nu ngahaja dilindeukeun; tapi ngan ukur ka Nini Anti wungkul; ka nu sejen mah tetep galak; eta sato galak nu jadi lindeuk teh taya lian ti maung lodaya; ku kagagahanana maung lodaya bisa taluk; teu daya deui. Sanggeus aya sabulanna di gunung Cereme; bari nurunkeun elmuna ka Nyi Ipah; Lasmini/Mawar Hideung nempo yen bakatna Nyi Ipah mah ka na Elmu Tanaga Jero; ku sabab kitu mun dicampurkeun jeung murid nu sejen moal matak pihadeeun; nya ku Lasmini, ieu Nyi Ipah dibawa we ka Losari; sina ngalatih di ditu sorangan, pikeun kamajuanana; ari Paguron dipercayakeun ka Sari. Kitu lalakon nyoreang ka tukang sacerewelena disinggetkeun ngarah teu nyokot teuing waktu. Sanggeus sagala kajadian dibuka; jeung Jalma ge ayeuna mah terbuka ka na sagala nu ngalantarankeun manehna ayeuna aya di dinya, laju we Jalma hudang, terus wae nyembah ka Padmini, bari nyebut :”Ibu Guru.” Nyi Padmini memang geus nyangka hal eta; jadi teu heran nempo Jalma ngahormat ka manehna. Terus we manehna nyarita bari mesem:”hidep teh pasti murid kakasih Ki Sangga Prakosa nya !?” Jalma :”Leres teu kapindo damel; satutasna ibu Padmini nyarioskeun lalakon ; kuring kakara apal yen guru kuring teh namina Sangga Prakosa; da biasana mah kuring teh biasa we nyebut ki Nurustunjung; bari teu ngarti2 acan naon hartina nurustunjung.”Jalma nyarita bari rada seuri koneng. Mawar Hideung milu nyarita :”Jalma, jadi dimana eta Bapa Kula teh ayeuna ?” Jalma :”Kuring bakal nuduhkeun ka sampeyan; dimana teteh bisa milarian ingkang rama… “. Can tuntas Jalma nyarita kapegat ku Nyi Padmini:”Ieu mah nomer dua; nu penting keur maneh Jalma; jig gura giru indit ka Gunung Muria; di dinya aya hiji Ahli Tafakur, bari sakaligus ahli ngobatan gaib; tah maneh teh di na waktu ieu aya di na bahaya, sabab badan geus kaasupan racun Ki Brojo Nitis. Memang geus kaburu katulungan ku Kaula. Hanjakal Kula ngan ukur bisa nulungan supaya maneh teu paeh; tah tuntasna mah kudu ku eta ahli; ngaranna Ki Padma Rasa; keun we masalah Ki Nurustunjung mah; asal sebutkeun we lokasina kalawan jentre.” Ki Brojo Nitis oge hanjakaleun pisan, sadu2 menta hampura ti na geus nyilakakeun Jalma; da memang ngan ukur bisa dipake ngalawan musuh; tapi teu bisa ngubaranana; guruna oge wanti2 ulah gampang ngagunakeunana. Tadi mah lantaran kapaksa cenah jeung teu sadar. Terus we Brojo Nitis jeung si Macan Telu pamitan bari sadu2 menta dihampura; kabehanana jangji moal pipilueun deui di na perkara kapendekaran. Waktu Jalma rek nyarita; Nyi Padmini geus miheulaan:”Kula nyaho yen sampeyan ngabingungkeun Nyi Ipah jeung Nyi Epon; tah perkara eta bikeun wae ka sobat maneh, nya eta Ki Bejo. Keun manehna sina ngabuih nyaritakeun jeung ngadongengkeun; sahenteu na bakal ngurangan ka na kamelang kolot2na. Bral ayeuna mah Jalma neangan eta Ki Padma Rasa.” Episode 66 : Ka Gunung MuriaHANCA
