aya onjoyna = aya langkungna; langkung ti kitu
waskita nujukeun ka jelema nu boga indra ka genep tea; nu awas ka na naon nu 
aya disakurilingna; nyaa hampir sanada jeung wijaksana

--- In [email protected], Isp Saprudin <lemprah@...> wrote:
>
> Kang punten, da kuring mah urang Sunda lembur (kampung) teu pati apal kana
> kecap Onjoy sareng Waskita.
> Ari dilembur kuring Onjoy sareng Waskita teh ngaran jalma
> Naha Onjoy teh hartosna masalah sareng Waskita hartosna jago?
> 
> Nuhun
> 
> 
> 
> 2012/9/11 Abbas Amin <abas_amin08@...>
> 
> > **
> >
> >
> >
> > Jalma, teu nanya naon onjoyna teh; da yakin Ki Padmarasa bakal
> > ngajelaskeun masalahna.  Jalma ngabandungan we bari saregep. Hal ieu
> > ngalantarankeun Guru nu sakitu waskitana teh resep ka ieu si Jalma.
> >
> >
> > "Jang Jalma; bapa teh geus mariksa elmu nu dicekel ku sampeyan; bapa kaget
> > oge lantaran elmu nu dicekel ku sampeyan teh tanagna kuat pisan; jadi
> > salian ti memang geus ditulungan mimiti ku Nyi Padmini, oge tanaga Jang
> > Jalma geus ngabentengan diri sampeyan sorangan; tapi ku sabab harita teu
> > ngahaja tarung jeung Ki Busro; jadi we eta pertahanan kabobol; lantaran
> > dipake ngalayanan Ki Busro. Di na hal ieu Ki Busro teu salah, da teu
> > apaleun yen sampeyan geus kakeunaan ku tapak sakti Jaya Ludira ."
> >
> >
> > Ki Padmarasa nyaritana enya ge panjang; tapi sakecap sakecap; bari sabar
> > jeung eureun eureunan , nempo kaharti henteuna ku Jalma; sedengkeun Jalma
> > terus we saregep ngabandungan, naon nu keur diucapkeun ku Ki Padmarasa.
> >
> >
> > "Eta Elmu teh nu dicekel ku sampeyan, ku sabab geus milu perang ngalawan
> > tanaga Jaya Ludira; jadi sacara ajaib ngagulung ngahiji jeung eta Ilmu Jaya
> > Ludira; di dieu Bapa hese nerangkeunana. Ku sabab sakitu, salian ti obat nu
> > dibikeun ka Ujang …" Ki Padmarasa eureun heula sakeudeung .
> >
> > "Salian ti Ujang diubaran ku Bapa di dieu …" Ki Padmarasa nuluykeun
> > caritana."Ujang ge geus dibantu ku bapa waktu ujang keur sare tibra
> > lantaran pangaruh ubar, jadi ujang mah teu sadar." Ki Padmarasa eureun deui
> > nyaritana. Jalma tetep teu riuk2, teu tatanya, saregep we terus.
> >
> >
> > "Tah Bapa mah ngan saukur ngalempengkeun supaya ulah lila teuing diaduna;
> > da eta dua tanaga nu aya di diri Ujang teh, masih neruskeun tarung;
> > mimitina tanaga Ujang kadesek pisan; tapi ku pangaruh ubar…" Ki Padmarasa
> > eureun deui sakeudeung.
> >
> >
> > "Tanaga jero Ujang ngalawan deui; tanaga Jaya Ludira rada katahan; beuki
> > diubaran , tanaga Jaya Ludira beuki ngorotan, sabalikna tanaga Ujang beuki
> > kuat."
> >
> >
> >
> > Ki Padmarasa eureun deui, Jalma ayeuna kakara sadar, naon sababna waktu
> > mimiti ngalatih napas, kacida hararesena; rupana mah enya eta tanaga teh
> > ngabahayakeun pisan.
> >
> >
> > "Tah waktu ku Bapa dibantu … " Ki Padma rasa eureun deui, narik napas. Eta
> > dua tanaga teh ayeuna mah ngalawan ngahiji ngahalangan tanaga Bapa !"
> > eureun deui Ki Padmarasa.
> >
> >
> > Ku sabab panasaran, bapa terus we nambahan tanaga deui ! Tapi ih …. Bapak
> > kaget pisan … malah tanaga bapa jadi milu abus nyampur jeung tanaga eta nu
> > dua ! Bapa Kacida kagetna; untung we ahirna eureun sorangan; lantaran bapa
> > ngeureunan oge nyalurkeun tanaga jero."
> >
> >
> > HANCA
> >
> >  
> >
> 
> 
> 
> -- 
> ngajengjehe
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke