Babaturan gawe kuring oge aya nu Syiah, nya kitu Sholat na teh. Dina
pangsujudan/sajadah, pas palebah tarang, ditundaan Talawengkar tea.
Euh geuning si talawengkar teh Taneuh Karabala nya? ^_^
Kumaha lamun urang ge kitu we, dina pangsujudan nunda kubus tina taneuh
Mekah ^_^
On 09/13/2012 01:26 PM, Waluya wrote:
> In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>,
ihin98@... wrote:
>
> Ari perbedaan dina hal furu/cabang mah model NU muhammadiyah sigana
> moal jadi masalah gede,awal akhir bisa di hijikeun dan jauh leuwih
> loba persamaan na ti batan perbedaan na,jeung nu utama,hal nu
> prinsippil sarua
> Ari syiah ?
> Tebih pisan jeung suny pemahaman na ge
Dina salah sahiji acara "Don't Tell My Mother" saluran televisi
National Geographic Adventure, sang presenter (Diego Buñuel)
apruk-aprukan di Iran. Dina eta tayangan ditempokeun kumaha umat Islam
di Iran rek sharolat di mAsjid. Nu rada hemeng nu rek sharolat teh
nyarokot taneuh (siga talawengkar / bubuk kenteng) dina rak (rakna
siga panyimpenan sendal di urang). Ceuk Diego Buñuel eta taneuh teh
asalna ti taneuh Karbala (makam Imam Husein), gunana keur alas sirah
waktu sujud. Euleuh, lamun enya teh, tina hal tata cara sholat wae,
geus aya beda antara sunni jeung syiah teh.
Tapi sanajan aya bedana, Syiah tetep Islam, sabab aliran Syiah teh
sarua kolotna jeung aliran Sunni. Malah ceuk cenah mah Abu Hanafiah
(Mazhab Hanafi) jeung Malik Bin Anas (Mazhab Maliki) kungsi guguru ka
Imam Ja'far (Imam ka 6 dina tradisi Syiah/ Mazhab Syiah Jafari).
Beda, moal jadi masalah, lamun teu dipolitisir ku nu boga
kapentingan-kapentingan sejen ......
WLY