Wah kaang yani maos na gurung gusuh; seueur nu kalangkung atuh nya ?
--- In [email protected], MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote:
>
> ke..ke..teu acan aya jalan, kumaha carana sangkan nyi anggraeni heunteu pelo?
> Kedah dipacok oray deui?
> Ari Nyi Rubiyah teu kacarioskeun tilar dunya, tapi salami Jalma di tempat Ki
> Padmarasa, teu kasabit-sabit aya Nyi Rubiyah? Kamana tah Bah Aa?
>
> mrachmatrawyani
>
>
>
> ________________________________
> From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda
> <[email protected]>
> Sent: Monday, September 17, 2012 11:11 PM
> Subject: [kisunda] Cersil Sunda 286
>
>
> Â
> Sanggeus aya
> saminggu lilana Jalma ngalakukeun latihan kitu, karasa ayeuna mah tanaga teh
> gampang pisan disalurkeunana tina embun2an ka na tapak suku; balik deui ka na
> embun2an teu kudu usaha cape saperti saencanna; eta tanda aya kamajuan nu gede
> pisan. Jadi Jalma ayeuna geus bisa ngawasa enerji nu aya di jero badanna.
>
> Di Beulah
> kaler ti imah KI Padma rasa aya batu nu luhur pisan; tungtungna seukeut; teu
> nyaho urut naon; Jalma terus ka dinya rek nyoba lamun luncat geus bisa
> sakumaha
> ayeuna.
> Jalma
> konsentrasi rek luncat nu ukuranana batu nu jangkung eta. Barang heaaat
> manehna
> nyorowok; pung teh manehna luncat bisa luhur pisan , jauh ti na taneuh. Untung
> waktu turunna ku tanaga jerona nu geus nepi ka puncakna, manehna bisa
> ngadalian
> henteu nyiriwik ka handap. Tapi mimiti mah manehna rada sosoloyongan.
>
> Nya sanggeus
> sababaraha kali manehna bisa ngadalian diri di na bab luncat jeung hampang
> raga;
> terus manehna nyoba luncat ka eta batu; nyata gampang pisan sukuna napak di na
> puncak batu pisan.
>
> Barang turun
> kadenge aya sora plok !  plok !  plok ! 3X antare pisan, tapi pinuh
> ku
> kagumbiraan jeung panghargaan. Eta nu keprok taya lian ti Ki Padmarasa.
>
> Tuluy we
> Jalma nyuuh ka Ki Padmarasa ku bungah2na; diusapan we Jalma teh ku Ki
> Padmarasa
> nu ngarasakeun pisan ka bungahna nu karasa ku Jalma. Tapi ayeuna Jalma rada
> heran, sabab di dinya ayeuna mah aya Ki Busro nu milu lalajo.
>
> Ki Busro
> nganuhunkeun ka Jalma; sabab kulantaran Jalma cenah ayeuna manehna geus
> diangkat murid ku Ki Padmarasa. Umurna Ki Busro saluhureun Ki Padmarasa; tapi
> teu aneh; da nu guguru teh lain guguru pangalaman; tapi guguru elmu panemu ;
> aji jaya kawijayan. Ari Ki Busro nganggap pisan ka Ki Padmarasa teh; yen Ki
> Padmarasa sagala nyampak elmuna.
>
> Jalma teu
> nyaho kumaha, sanggeusna ayeuna sagulung sagalang di Gunung Muria; asa rada
> haroream turun; manehna asa loba tanyakeuneun ka Ki Padmarasa teh; masing enya
> Ki Padmarasa mah nolak yen manehna sagala bisa; tapi karasa memang elmu
> panemuna ka_asup luhur. Tah ku sabab kitu Jalma ge hayang terus we guguru di
> dinya; tah meureun ku sabab eta manehna betah di dinya teh. Tapi mungkin oge
> ketang, nu nyababkeun Jalma betah teh, aya tetenjoan sejenna.
>
> Na hiji
> peuting Ki Padmarasa ngobrol paduduaan jeung Jalma; terus Ki Padmarasa nyarita
> ka Jalma :âYeuh Jalma ama aya picaritaeun; ieu mah masalah ama pribadi,Â
> naha hidep moal bosen ?â
>
> Jalma:âDuh
> Ama, puguh kuring teh hoyong apal latar tukang Ama ; tapi teu wararantun atuh
> â¦
> tah ayeuna Ama nyarios kitu; atuh kuring teh asa kagunturan madu ⦠katibanan
> men yan putih ⦠nuhun pisan Ama kersa ngadongengkeun masalah eta.â
>
> âSyukur atuh
> ari kitu mah, tah ayeuna Ama rek ngamimitian ngadongeng; mun bosen engke
> balaka
> we nya , tong didinding kelir.âCek Ki Padmarasa.
>
> âMangga atuh
> Ama.â
>
> Gorolang we
> Ki Padmarasa nyaritakeun Silsilah pribadina.
>
> Ki Padmarasa
> teh kungsi nikah ka hiji anak Syech di Makkah; terus we dibawa ka Jawa;
> meureun
> Ki Padmarasa teh tangtu istimewa pisan, nu matak Urang Arab mikeun anakna ka
> manehna; da atuh tong boro di Arabna; cacak di Pulo Jawa ge Urang ARBI mah
> tara
> daekeun anakna awewe dibikeun ka urang Jawa, tah eta pasalna tangtu ku sabab
> Ki
> Padmarasa istimewa pisan.
>
> Paingan
> Anggraeni sakitu geulisna; puguh we da turunan Arab. Cek gerentes hate Jalma.
> Mangkaning Arab Mesir tea, arab Putihna.
>
> Cenah mah,
> waktu Ki Padmarasa keur munggah haji papanggih jeung urang Mesir nu keur
> ditatandu; lantaran lumpuh; eta urang Mesir teh masih keneh turunan Pangeran
> Mesir cenah; dipelong we ku Padmarasa bari tawaf; terus dideukeutan; eta nu
> ditandu teh. bari tawaf diusap we tuurna ku Ki Padmarasa bari ngaduâa;
> kersaning Pangeran si urang Arab Nesir teh nyorowok kaget; tapi ngan
> sakeudeung
> terus we unggeuk ka Ki Padmarasa. Isukna panggih deui; eta urang Mesir teh
> geus
> bisa leumpang teu sakara kara; tah ku sabab manehna nganuhunkeun pisan; anakna
> nu awewe dibikeun ka Ki Padmarasa sina ditikah.
>
> Sanggeus
> imah2 salila 10 taun Nyi Rubiyah bojona Ki Padmarasa teu aya wae tanda2
> ngandeg; tapi Ki Padmarasa teu petot2 ngadoâa ka Gusti. Tah di dinya Ki
> Padmarasa nyebutkeun yen bohong mun nganggap Ki Padmarasa sagala bisa; buktina
> teu sanggup, ngajadikeun bojona ngandeg.
> Sanggeus
> umurna 45 taunan; sedengkeun Nyi Rubiyah 25 taunan; kakara Nyi Rubiyah
> ngandeg;
> mani ripuh, ampir2an Nyi Rubiyaah katiwasan. Akhirna brol we orok lahir, awewe
> dingaranan Anggraeni, Atuh kacida bungahna Ki Padmarasa jeung Nyi Rubiyah teh.
>
> Tapi aya2 we
> dodoja jeung cocoba teh; waktu keur umur 3 taun kakara ge Anggraeni bisa
> nyebut
> a jeung e ; aya kacilakaan di imahna; oray matih nu sok diingu ku KI
> Padmarasa;
> nu memang ahli ubar2an; kaluar ti na kandangna; geus Takdir ti Gusti Nyi
> Rubiyah dipacok oray; orayna terus kabur; ari Anggraeni kaget; terus we
> letahna
> KELU; nepi ka ayeuna can bisa Pulih deui.
>
> Tah cenah
> eta sabab2na Ki Padmarasa embung ngangkat murid; lantaran geuning loba pisan
> kalemahan nu aya di dirina.
>
> Ku ayana eta
> musibah; Ki Padmarasa ngarasa era jeung sedih, terus we kaluar ti kampungna;
> nuju
> jeung ngasingkeun diri di eta gunung Muria nepi ka ayeuna; umur Anggraeni geus
> aya 17 taunna. Jadi kira2 geus aya 14 taun manehna netep di eta Gunung teh.
> Manehna nyaah ka sato naon oge; tapi asal nempo oray; terus we teu tata pasini
> deui; terus dibinasa ku ieu Anggraeni; atuh oray disabudereun eta tempat mah,
> ampir euweuh we. Anggraeni siga ngamusuh
> pisan ka oray teh.
>
> Ki Padmarasa
> sama sakali teu ngadongengkeun kumaha manehna bisa nyaho ka na rupa2 ubar
> jeung
> nulungan batur; oge teu nyaritakeun kumaha manehna bisa loba kabisa jeung
> kanyaho di na bagbagan Elmu kanuragan; nya Jalma ge teu loba tatanya soal eta;
> lantaran sigana curuta carita soal eta mah dirusiahkeun pisan ku Ki Padmarasa
> teh; meureun sieun jadi RIYA tea.
>
> Sanggeus
> kitu; repeh we Ki Padmarasa teu nyarita deui; ngan ukur neuteup we ka Jalma;
> hartina carita na geus lekasan , Jalma ngan ukur meleng we; teu loba tatanya.
>
> Ayeuna mah
> Jalma apal naon sababna Anggraeni sama sakali teu bisa ngaluarkeun sorana;
> nyata lain pego tapi cek Ki Padmarasa mah; pita sorana kaganggu; ari
> pancaindrana mah kabeh ge fungsi; ngan eta hiji; pita sora nu teu fungsi teh
> cenah.
>
> Waktu keur
> ngobrol kitu, Jalma inget yen aya nu bakal ditanyakeun; nya eta masalah âNu
> Maha Sagalaâ ⦠rada heran Ki Padmarasa ⦠naha Jalma bet nyalenggor ka na
> masalah eta ?
>
> Terus we Ki
> Padmarasa ngelelekan Jalma:âKe ari hidep, salian ti guguru ka Ki
> Nurustunjung
> hal kanuragan, terus guguru ka saha masalah agama ?â
>
> Derekdek we
> Jalma ngadongeng masalah di Wanayasa; tapi terus nyaritakeun, nepi ka ayeuna
> ge
> can manggih jawaban soal Maha Sagala mah.
>
> Ki Padmarasa
> unggut2an we ngadengekeun dongengna Jalma:âNaha ku hidep teu ditaroskeun ka
> H.
> Syarif ?â
>
> Jalma:âAh
> teu wantun pok Ama; lantaran seueur nala_ah kitab; bilih lepat naros; nya dugi
> ka ayeuna kuring masih panasaran keneh; tah ku margi Ama mah langkung terbuka;
> kuring ayeuna wantun ngajukeun ieu patarosan.â
>
> âYeuh Jalma,
> ari Nu disebut Maha Sagala teh, Nya atuh Gusti Allah; saha deui atuh ?â Cek
> Ki
> Padmarasa bari tetep mesem.
>
> âAma, ki
> Nurustunjung sanes teu apaleun ka Allah; ngan wae sigana langkung ti kitu, eta
> patarosan teh. nya mun dipikir ku kuring mah; eta Ki Nurustunjung teh hayang
> wanoh ka nu disebut Allah tea. Da panginten teu cekap urang nyebat percaya
> wungkul; bari ati mah cangcaya !?â
>
> Ahirna
> sanggeus ngaharuleng sakedapan, Ki Padmarasa nyarita kieu :âKieu we atuh,
> mimiti peuting isuk, ba_da Isya urang sawala masalah KAILAHIAN.â
>
> Jalma:âAduh
> nuhun pisan Ama. Tapi naha disebat SAWALA ? kapan kuring mah mung sakadar
> murid.â
>
> Ki Padmarasa
> :âEh teu kitu ⦠boa teuing ti sampeyan, Ama meunang bongbolongan; da
> jelema mah
> teu tangtu bisa wae sampeyan nu mere jalan. Jadi bisa oge Ama guguru ka
> sampeyan.â
>
> Jalma:âHahaha,
> asa pamohalan Ama. â
>
> Ki Padmarasa
> :âIh teu kitu Ilmu Allaah mah, sabab lega Kacida, teu bisa kaukur; nu ulah
> teh
> RIYA ! keur urang mah. Buktina Ama bisa ngubaran Syech urang Mesir, nu jadi
> mertua Ama, nyatana Ama dicoba bojo jeung anak keuna kasakit, kapan teu bisa
> nanaon; eta hartina sakaligus Allah negor ka Ama.â
>
> Wah enya
> jero geuning pandangan jeung pikiran ieu Ki Padmarasa teh; cek Jalma na
> hatena.
> Manehna ngarasa yakin, yen ti ieu KI Padmarasa mah bakal meunang pituduh nu
> gede pisan.
>
> Hanca
>
> Â
> Â
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/