Leukeunan geura  Kang Irpan, narjamahkeun pangaweruh populer nu urang
weruh, kana basa Sunda.
Uing ninggali format fiksimini bisa dipake rujukan. Mun keur artikel,
meureun artikel mini. Ngabahas hiji topik, bari teu kudu panjang teuing,
cukup satengah atawa sakaca A4. Da rentul pakar di widang masing-masing di
ieu milis teh, ngan nyeta jigana can bisa ninggali perluna narjamahkeun
pangaweruh populer kana basa Sunda. Teuing kunanon.,

2012/9/19 Irpan Rispandi <[email protected]>

> **
>
>
> he..he..he.. caritana kuring keur ateul ku topik hapeuk ^_^
>
> satuju jeung bah Hasan, ngeunaan topik nu dipikaresep. Kuring resep kana
> teknologi, seni, jrrd. Tapi nyakitu teu kaburu wae rek tutulisan panjang
> teh.
>
> ke sugan kahareup.
>
>
> On 09/19/2012 04:04 PM, Ki Hasan wrote:
>
>
>
> Hehehe. Ari kasundaan teh naon atuh, Kang Irfan? Na ari kasundaan teh ukur
> Iket, kujang, jeung UUBS kitu? Lamun diskusi agama, elmu pangaweruh,
> teknologi, ekonomi, pulitik, jeung sajabana lain perkara kasundaan?
>
> Atuh heureut kacida mun kasundaan ukur masalah UUBS mah, misalna. Ari ceuk
> uing mah sakur perkara nu pakait jeung kahirupan urang Sunda, naon wae
> widangna, nya kaasup kasundaan. Numatak keur sauingeun mah, ngarah teu
> kasungkeret ku topik, nu diutamakeun teh basa panganteurna we, ku basa
> Sunda. Topikna mah, kumaha minat sewang-sewang we.
>
> Katinggalina ku uing mah, aya hal sejen nu perlu dipalikiran teh: kurangna
> inisiator jeung volunteer. Umumna mah urang teh resep diwewelan batur wae,
> kurang resep ngawewelan batur. Jigana hadena mah, mun urang kurang resep
> kana hiji topik, imbangan, sing baroga inisitip ku postingan nu urang
> resep.
>
>  2012/9/18 Irpan Rispandi <[email protected]>
>
>>
>>
>> Nitenan aktipitas milis urang, heueuh anu cenah milis sunda.
>>
>> Lamun topik pembicaraanna ngeunaan Sunda jeung kasundaan, nu posting
>> saeutik, rehe combrek.
>>
>> Tapi lamun topikna ngeunaan kayakinan jeung agama, beuuuuh.... ngagedur
>> kahuruan he..he..he...
>>
>> Araraneh aya naon ku araraneh ^_^
>>
>

Kirim email ke