Waktu ngadongengkeun Jalma ka Pasir Buncit nepungan balad Maung Hideung, mani ear nu komentar … bari cak cek; da kakara apal yen Jalma teh Pendekar jadug. Si Bejo eureun heula, bari gumbira; manehna keur ngahuapkeun kueh, mani bebelewekan. Ditaranggap we ku nu ngadongdon teh, bari rada teu sabar hayang nyaho tuluyna.
Barang nyaritakeun Jalma jeung Maung Hideung ngepung Rajawali Bodas; nu didongengkeun ku Jalma ka Ki Bejo, biasa Ki Bejo nambah2 deui wae dongengna da ngarah rame cenah. ( da Jalma mah singget teuing nyaritakeunana ka Ki Bejo; da sieun riya tea meureun ); nu matak didongengkeunana jadi panjang ku Ki Bejo mah; da kapan Ki Bejo teh ngefan berat tea ka Jalma. Waktu nyaritakeun yen Jalma ngelehkeun Ki Tanu pimpinan Rajawali Bodas; nu dicaritakeun ku Ki Bejo seru pisan; atuh mani resepeun nu nanggap teh; lantaran Ki Bejo memang bisa pisan ngadongengkeunana. H. syarip ngan ukur seuri bari gogodeg. Palebah Rajawali Bodas serah bongkokan; terus Nyi Ipah jeung Epon euweuh. Sakabeh nu lalajo; mani reang lantaran ku heran2na ? Sanggeus dicaritakeun soal dibawa ku Mawar Hideung; kabeh ting jarenghok deui ! “Euleuh eta budak dua; kunaon teu eureun2 diculikna ? jeung saha deui eta tokoh Mawar Hideung teh ?” Terus wae Ki Bejo ngadongengkeun deui usaha Jalma ngudag jeung Nyusud Mawar Hideung nepi ka tarung jeung papada jadug nu ngalantarankeun Jalma kakeunaan Tapak Sakti Indra Ludira; terus inidit ka Gunung Muria rek ngubaran tatu jerona. Nu ngadarengekeun mani euweuh soraan ku lantaran asa kakara ngadenge tarung anu sakitu ramena; jeung pada marelang ngadenge yen Jalma keuna tatu parna, nepi ka teu kaburu deui balik heula ka Wanayasa. Sarerea pada ngadu’akeun supaya Jalma salamet.
