Rupana Nyoman Sakarta ngahaja ninggalkeun bangke dua Pendekar
lantaran manehna boga hiji tujuan. Kabeneran eta tujuan teh pas pisan jeung
kahayang manehna; nyata Ki Abdul Rauf nyampeurkeun katempat eta; kaluar ti
tempat mulasara KI Seca jeung Garniwa bari sedih jeung nyakclakan cipanon …
Nyomaan Sakarta nu pinter nyaho yen eta teh pastina ge Ki Abdul Rauf; memang
ngahaja Nyoman Sakarta teu mulasara mayit Ki Seca jeung Garniwa, nya eta
maksudna supaya jadi narik anggota 5 Macan Cirebon; nyata taksiran si Nyoman
tepat pisan.
Terus we dituturkeun ku manehna sorangan; bari samuni2 nya bener we
ahirna nepi ka tempat panyumputan Ki Abdul Gofar.


Ki Abdul Gofar teu loba tatanya deui terus waktu kaluar jeung
nempo Nyoman Sakarta teu tata pasini deui langsung nyerang ku tanaga 8 bagian !
Nyoman Sakarta bari seuri ngagakgak langsung nyingcet … wuss ! karasa tanaga
jero Abdul Gofar ngaliwat … karasa dadana sesek … tanda Ki Abddul Gofar memang
hebat tanaga jerona.

+“Hahahaha ! pantes sampeyan disebut 5 Macan Cirebon; pasti salila
ieu can ngajaran manggih tanding !”


Ki Abdul Gofar rada ngagebeg oge nempo ngan sagilek serangan
manehna digagalkeun. Teu loba catur Ki Abdul Gofar terus masang kuda2 bari
maju. Keur kitu adina Ki Abdul Rauf oge geus maju masang kuda2 waspada pisan.


 “Hahahaha ! Kula lain
hayang tarung jeung sampeyan duaan ! Tapi malah hayang sosobatan; Kula mah teu
pira ngan hayang nempo Mutiara Hideung !”


Ngadenge sosoak nu kaciri nguntup, geus teu hayang ngawalonan
deui, da jelas masalah Mutiara Hideung bakal dibela nepi ka nyakclak getih nu
pang ahirna; terus we Abdul Gofar nyerang deui, dibarengan ku serangan kilat
Ki Abdul Rauf; Nyoman Sakarta nakis paneunggeul Abdul Gofar, bari terus luncat
ngajauhan.


Ku sabab bari nakis , bari luncat, atuh barang napak bumi manehna
ngoloyong aya tilu lengkahna; eta tandana tanaga jero Ki Abdul Gofar memang
hebat. Sabalikna Ki Abdul Gofar awakna ngageter narima panakis ti Nyoman
Sakarta.

Ki Abdul Gofar kaciri gede hate; terus we ngomong
tarik:”Sampeyan geus maragatkeun dulur2 Kaula Ki Seca jeung Ki Garniwa … Kaula
ayeuna bakal 

ngadu nyawa jeung andika; kula sumpah moal daek hirup
babarengan jeung sampeyaan. Kaula atawa sampeyan nu kudu mati di dieu … ayeuna
!”

“Hahahaha ! sigana mah pangharepan sampeyan teh bakal dibawa
ka akherat Abdul Gofar ! Tapi Kaula masih mere kasempetan … sok tembongkeun ka
Kaula eta Mutiara Hideung teh … Kula moal nyisikudi nyawa andika !”


Karasa pisan nguntupna KI Nyoman Sakarta; atuh  teu tata pasini deui dua 
sadulur nyerang
bareng; ku tanaga langsung 9 bagean; lantaran apal yen ieu Ki Nyoman Sakarta
hebat pisan; dua tanaga babarengn ti kenca katuhu nuju ka na badanna !


Nyoman Sakarta ayeuna mah masang kuda2 teu nyingcet deui
terus nadahan serangan dua sadulur; tapak nu katuhu mapakan Abddul Gofar, ari
nu kenca mapak Ki Abdul Rauf Plak !


Koloyong we Nyoman Sakarta ngoloyong; tapi terus narik nafas
bari nenangkeun diri. 


Kumaha ari dua sadulur! Barang eta dua tanaga diadu hek !
cenah Ki Abdul Gofar nyoara. Ohek Ki Abdul Rauf batuk; nu saterusna getihna ti
na sungutna mancawura. Hartina di na adu tanaga jero memang nyata Ki Nyoman
Sakarta saluhureun ieu dua sadulur.


Kaget jeung reuwas KI Abdul Gofar, tapi manehna geus gilig na
hatena rek tarung bebeakan; jadi lain mundur malah terus maju nyerang nekad 
pisan.


“Hahahaha ! rupana sampeyan geus teu betah hirup di dunya !?
keun Kula bakal nganteur kahayang sampeyan !” 

Sanggeus tutup omonganana manehna
luncat ka luhur terus ninggang sirah Abdul Gofar bari nyorowok tarik pisan
:”Ciaaaat !”


Ki Abdul Gofar nyoba nyingcet ti na eta tinggangan bari
ngabelesatkeun hiji tinggangan nu ngaluarkeun sakabeh kakuatan; lantaran hayang
paeh bareng .


Tapi sirah manehna tetep kakeunaan … ngan tonjokaanana tetep
laju ka na taktak Nyoman Sakarta.


Rada lieur Nyoman Sakarta terus we luncat ka Ki Abdul Rauf
bari ngagebug angenna harita keneh Ki Abdul Rauf paragat, lantaran tatuna
beurat pisan.


Ki Abdul Gofar kaciri napasna geus tinggal hiji2 tina
sungutna kaluar getih; geus ampir teu empes2; sakeudeung deui nyawana oge bakal
ngalayang.


Nempo kaayaan musuh2na Nyoman Sakarta gancang we semedi
nenangkeun diri; manehna ge keuna tatu jero oge; lantaran Ki Abdul Gofar tadi
tarungna nekad pisan.


Sanggeus semedi sakeudeung ngarasa seger deui terus we
nyampeurkeun Ki Abdul Gofar; pok ngomong mani serem pisan :”Heh Abdul Gofar,
adi maneh geus paeh; ayeuna tinggal maneh wungkul diantara 5 Macan Cirebon nu
nyesa … sok sebutkeun dimana maneh neundeun eta Mutiara Hideung ?”


Ki Abdul Gofar ngan ukur haharegungan boro2 bisa ngajawab.
Masing bisa ge embung ngajawab. Lila2 mah Nyoman Sakarta teu sabar deui terus
we asup ka imah nu jadi panganjrekan Ki Abdul Gofar. Terus we sagala diacak
acak, sugan Ki Abdul Gofar neundeun mustikana di dinya.


Ku sabab teu manggih wae; sedengkeun manehna masih panasaran
… eta imah sakalian diduruk … terus manehna kaluar nempo Ki Abdul Gofar oge
geus paragat , nyusul adina. Nya tuluy we Nyoman Sakarta ngaleos. 


Manehna balik deui bari mawa puluhan jelema dititah macul;
sugan jeung sugan disumputkeun di dinya; tapi weleh teu manggih anu keur
diteangan; nya ahirna kabeh ting laleos; sanggeus ngubur Ki Abdul Gofar jeung
Ki Abdul Rauf di dinya.


Ti harita nu neangan jeung marebutkeun Mutiara Hideung rada
cepeh; teu pati meuweuh teuing.

 

Episode ka 72 Nyi Ipah ka Wanayasa

Kirim email ke