Tah nu neguh 300 cersil sunda tamat. Tos kawon tah. Kantun ayeuna nu prediksi 400 an sareng 500an. Aya nu jauh pisan prediksina muncul anak Jalma jeung Mawar Hideung. Hahahahha .... moal ... moal nepi ka anak pinak. Atuh da lalakon atawa rusiah nu maraenna ge kapan can kabuka kabeh. Tah eta nu nyababkeun panjang lalakon teh, Atuda teu gampang kitu wae ngabuka rusiaah hiji2 jelema; pasti di dinya aya alatannana aya alesanana. Teu gampang kiyu wae. Memangna ngadongeng keur budak leutik nu rek sare ? Moal ... moal gampang kitu wae ...
Aya elmu Leak; nu bisa ngabocorkeun tanaga jero lawan. Elmu leak sanyatana sabangsa elmu tanaga jero; tapi ku nu hayang gancang JAGO diselewengkeun jadi elmu nu JAHAT, padahal ti dituna mah teu kitu.
