Fikmin #Hiji-Hiji!#
Hoang adan awal. Kulisik. Rét kana wéker. Janari. Srod! Sarung diangsrodkeun. Ngabulen awak tina hiliwir tiis janari. Porongkol ngarengkol deui. Guher! Neruskeun ngimpi nu kapegat. Nyegrék deui! Hoang adan subuh. Ngulisik! Cengkat! Rucang-riceng nahan serab lampu. "Ké nungguan komat!" pikirna. Cindeluk dina tungtung dipan. Gorowok komat. Tuturubun ka cai. Gurudug muru masigit. Pinuh. Imam ngahanca rakaat kadua. Gajleng ka lawang! Jedak tarangna aya nu nakol. Jengkang! Gurinjal! Jenghok! "Ilaing téh, geus telat deui waé!" pokna, molotot. "Punten!" Manéhna éléh jajatén! Gura-giru muru sap pangtukangna. Hareupeun Al-Jin, di Tanah Haram, manénhna kurulang kuriling, ti panto hareup ka panto tukang. Gurudug ka hareup. Rékép disosi. Kojéngkang ka tukang. Dipalang. Gidig deui ka hareup. Ngajajanteng. "Balik deui kitu? Peré sugan subuhan poé ieu mah!" gerentesna. Beledag aya nu ngadagor tarang. Daligdeug mundur saléngkah. Gebeg! Nu sasari tepung subuh. "Tong dapon engab!" pokna, muncereng, "Hiji-hiji siah! Sasarina kula nungguan ilaing, ayeuna ilaing nungguan kula!"
