Teu aya damel, eta ma tamba ngaburayot gado weh meureun -----Original Message----- From: [email protected] Sender: [email protected] Date: Wed, 21 Nov 2012 12:51:17 To: kisunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] hayang seuri
Wamen, staf ahli menteri daramel naon atuh? Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: MRachmat Rawyani <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 21 Nov 2012 04:24:58 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] hayang seuri Kamari peuting metro tv nayangkeun soara anu cek cenah siga sora menteri ESDM. Dina rekaman eta teh, anu boga sora netelakeun kumaha carana "ngabekem" wartawan, supaya nurut sangkan nyieun warta anu saluyu jeung kahayang nu boga kawasa.Dina sorana teh siga aya nada keuheul jeung ngambek. Tapi anu atra mah, aya kesan ngahina kana profesi wartawan jeung ngagampangkeun jeung ngarendahkeun wartawan. Ti awit jaman kakarek jadi menteri Pariwisata, juragan Jero Wacik, anu cenah alumni ITB jeung alumni FEUI Ekstension teh jadi bahan omongan jeung panyeungseurian para profesional. Kusabab cara pikir jeung tindakanana teh, sok ngagampangkeun. Contoh soalna, sabada dilantik jadi menteri pariwisata, dina hiji acara pasamoan jeung para pagawe kementerian pariwisata, juragan menteri ngumbar janji siga kieu.(harita teh juragan menteri kakarek asup ka jajaran birokrasi, tina tadina icikibung di swasta). Pagawe anu berprestasi rek dinaekkeun pangkatna, Eselon hiji jadi eselon dua, eselon dua jadi eselon tilu, eselon tilu jadi eselon opat. Puguh wae atuh para pagawe kementerian pariwisata ribut. (Mun teu percaya, sok wae tanyakeun ka para pagawe kementerian pariwisata). mrachmatrawyani ________________________________ From: Isp Saprudin <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, November 20, 2012 11:30 PM Subject: [kisunda] hayang seuri Basa menteri ESDM ngumpulkeun para pagawe ex bpmigas, manehna ngomong panjang lebar nangtukeun nasib para pagawe ex bpmigas. Dina salah sahiji omongan, nyaeta manehna ngomong "Pikeun kalangsungan kagiatan usaha hulu migas, mangka berdasarkan Perpres No. 95/2012, dibentukan Satuan Kerja Sementara Pelaksana Migas, sakabeh fungsi dan tugas jeung pagawe ex bpmigas beralih ka skspmigas, bla...bla....bla..........kahareupna mun nawarkeun wilayah kerja (blok) ka pihak investor kudu pilih-pilih. Bikeun blok anu rada garing ka pihak asing jeung tawarkeun blok anu rada lintuk ka investor domestik.......bla..bla...bla................ bpmigas boros jeung mobil pajabatna mewah..............bla...bla....." Anu digaris bawahi ku kuring omongan saurang Menteri ESDM dina masalah penawaran wilayah kerja. Mun anu ngomong Menteri Sosial wajar, tapi ieu anu ngomong Menteri ESDM, piraku henteu nyaho peran jeung fungsi bpmigas. Anu ngabogaan wewenang pikeun nawarkeun wilayah kerja/blok ka pihak investor nyaeta Dirjen. Migas. Terus naha bisa katempo eta di handapeun taneuh aya kandungan minyak atawa henteu. Tangtu teu katempo, naha saurang Menteri ESDM bisa ngomong "mun blok garing bikeun ka pihak asing, anu blok gemuk bikeun ka investor domestik" Eta menteri ESDM salah ngomong atawa teu ngarti. Kawenangan menawarkan wk Dirjen Migas, sanggeus aya kasanggupan pihak investor kakara bpmigas dititah nyieun kasapakatan nyaeta penandatanganan perjanjian kontrak kerja sama. BPMIGAS atas nama Pemerintah menandatangani kontrak kerja sama bagi hasil jeung pihak kontraktor boh asing atawa domestik. Ceuk Dirjen Migas "hey bpmigas, tah uing geus nawarkeun ka si "A" wk/blok Curo Hideung, jeung si "A" geus sapakat, ayeuna maneh (bpmigas) jieun surat perjanjian kontrak bagi hasil. Sanggeus diayakeun penandatangan kerja sama kontrak bagi hasil saterusna maneh (bpmigas) awasi jeung bantu kagiatan operasionalna eta si "A", tah kitu ceuk Dirjen Migas. Saterusna bpmigas ngawasi jeung ngabantu eta kagiatan ti survey seismik, eksplorasi sampe ka esploitasi (produksi), sakabeh biaya jeung teknologi ditanggung heula ku si "A". Saumpama salila kagiatan si "A" henteu manggih minyak kusabab kandungan anu aya henteu potensial pikeun dieksploitasi, mangka pamarentah henteu nanggung biaya. Sabalikna mun potensial pikeun dieksploitasi sampe ka produksi mangka aya bagi hasil, anu sakabeh biaya anu geus dikaluarkeun ku si "A" bakal di ganti liwat "cost recovery". bpmigas salaku pangawas lain saukur ngawasi tapi ngendalikeun dina sagala rupa utamana pengendalian biaya operasi anu bakal di cost recovery. bpmigas bisa nekan semaksimal mungkin sangkan kegiatan operasi hulu migas bisa dilakukan efisien jeung efektif, anu tujuanna sangkan pendapatan negara bisa gede. Sabenerna bpmigas teh bemperna pamarentah, mun isuk pageto aya pacengkadan jeung pihak investor, mangka anu jadi tuntutan nyaeta bpmigas. Tah kitu cuplikan fungsi jeung tugas bpmigas, tapi kunaon eta saurang Menteri ESDM bisa ngomong kitu? Pantes di urang loba pajabat ibarat pamaen lenong, asal bisa tampil jeung bisa ngomong, urusan penganyahomah urusan tukang. Selamat kepada para pemain lenong!!!! -- Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".
