Fikmin #Nongton Pilem#

"Pa, engké sonten nongton pilem nya?" ceuk budakna nu nincak ABG, "Aya
pilem énggal, 'Hello Goodbye' di Cinema 21!" tambahna ngaléndéan. Milih
tempat téh, ngahaja di barisan pang tukangna, ngarah rinéh. Budak jongjon
niténan pilem. Anteng dibaturan 'Pop Corn' jeung sagelas Cola. Penoména
Koréa lir nyihir barudak. Pilem, musik, sinétron, tari, emih jeung kimci
Koréa geus jadi sabiwir hiji. Suasana palabuhan kota Busan nantrat dina
layar bioskop. Jelegur séah ombakna matak kelar. Manéhna ngadayagdag dina
korsi. Hawa tiis ngahiliwir, lir mépéndé nu nyangsaya. Aroma Lavender
ngadalingding, ngabetot urat kongkolak matana. Asa diayun-ambing, "Ayun
ambing, ayun ambing; Diayun-ayun ku samping." Galindeng sora indungna,
ngéyong ayunan samping. Sabaris, sabaris layar panorama Busan kapindingan
peteng. Ngabelegbeg! Mongkléng! Bray layar ngempray deui. Salin rupa jadi
adegan 'Gita Cinta Dari SMA'. Bray gantibabak, 'Puspa Indah Taman Hati'.
Sabot pogot mencrong layar, "Pa, hayu uih! Pilemna tos séép!" anakna
ngegeubig-geubig. Layar ngiles, marengan ngemprayna lampu bioskop.

Kirim email ke