Kanggo penggemar Wayang.. Ngomon-2 ini teh Rahwana Vs Rama Shinta tea kitu?
Atawa Rahwana yang lainnyah hehehe. Lamun ngadangu laguna. Rahwana Romantis
oge euy xixixi. 

 

http://www.youtube.com/watch?v=bLzm9qnb2rA 

 

Banondari, anu lucu,
bojo kakang anu geulis, geuning, anu geulis
Kadieu sakeudeung heula, Akang rek mere pepeling,
aduh geulis, mere pepeling
Geura sambat indung bapa samemeh akang pinasti

Duh, engkang rungruman kalbu,
pupujan lahir jeung batin, Gusti, lahir jeung batin
Aya naon pangersa tara-tara ti sasari, aduh Gusti, teu
tisasari
Nyauran ragrag cisoca
Abdi mah saredih teuing

Aduh, Enung anu ayu,
nu geulis pupujan Ati, geuning pupujan ati
Akang tangtu ngababatang,
samemeh akang pinasti, aduh geulis, akang pinasti
Arek menta dihampura, lahir tumekaning batin

Pisanggem abdi kapungkur,
lilisan ka lenggah Gusti, geuning, ka lenggah gusti
Ka salira engkang pisan,
ngaturanan temah wadi, aduh Gusti, da temah wadi
Mung engkang kalalanjoan,
ngajur nafsu teu dihiding

Kaduhung, akang kaduhung
kataji nu lain-lain, geulis, nu lain-lain
Kaiwat goda rancana
kagembang ku Sintawati, aduh geulis, ku Sintawati
Geuning kieu balukarna
malindes malik ka diri

 

Nuhuuuuuns,

Mang Kabayan

www.udarider.com 

Kirim email ke