Fikmin #Néangan Cimata#
Rét ka kénca! Aya inghak Si Ibu. Reumbay cimata. Rét ka katuhu! Aya ingsreuk Si Bapa. Rambisak. Ti tukang, ti hareup, tingsalegruk. Cimatana tingberebey. Pipina bareueus. Culang cileung. Ngusapan pipina sorangan. Las, ngusap pipi katuhu. Las deui, ngusap nu kénca. Garing. Taya sésa urut ngamalir cimata. Panasaran. Disasar ka handapeun kongkolakna, parat ka juru matana. Keukeuh, puguh ti tadi gé sidik garing. "Na ari batur, kunaon maké tingalingsreuk, nepi ka juuh cimata sagala?" gerentesna. "Kunaon Ibu nangis?" "Puguh kagagas Jang! Nu unggal waktu ukur ninggali gambarna dina sajadah, kiwari aya hareupeun! Kagagas Jang! Ngarakacak! Geuning kaumuran ku Ibu!" jawab si Ibu ngalimba. "Ari Bapa ku naon pipilueun nginghak?" "Sami Jang! Banget ku kagagas! Bisa ngalaman saméang madep ngulon, ngidul, ngetan, atawa ngaler!" ceuk si Bapa tungkul. Kodomang ngodok ransel. Ngaluarkeun eunteung leutik. Dipencrong! Disidik-sidik! Sugan aya cimata nyangkrung, ngagenclang di juru panonna. Suwung! "Duh Gusti! Asa ku hayang boga Cimata!"
